WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Srikandi Jago Tutugan di Satpol PP


Dedeh Sopia Hasanah, S.Pd, M.Pd, Kabid Trantrib Satpol PP Kabupatén Purwakarta.*

PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,

K

ecap jagoan lain saukur keur lalaki wungkul, tapi di diri awéwé ogé bisa. Salahsahijina di diri wanoja Kepala UPTD Pendidikan Kecamatan Cibatu manten nu robah jadi Korwil Cibatu. Dina hal ieu jagoan tina urusan tugas gawéna.

Sebut waé wanoja éta téh, Dedeh Sopia Hasanah, S.Pd, M.Pd, Kabid Trantrib Satpol PP Kabupatén Purwakarta. Inyana ngamimitian tugas di Satuan Polisi Pamong Praja ping 10 Mei 2019 nu kaliwat. 

Malah mandar dina tugas saméméhna meunang landihan “Dedeh Mincreung” nelah nepika ayeuna. Dalah ku sikep pribadina awéwé tomboy téh, teu robah kitu waé, malihan beuki ngajago dina tugas Kabid Trantib Satpol PP.

Ari pagawé Satpol PP mah, biasana tampang keker, garang. Jadi dina hal ieu, tina tugas keur ngamankeun PERDA kaayaan Purwakarta Istimewa. Ku kituna dina diri Dedeh Mincreung éta, pas pisan.  

Éta data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné. F

Sedengkeun ceuk perwakilan Irwan Ruswan, SE. MM, Kasi kerja sama, yén nu jadi dunungan téh nalika tugasna maké pola pendekatan persuasip ku cara ngayon para pelanggar aturan Perda.

Kalih ti éta, "ibu Dedeh téh lian ti dedeg pangadegna alit, cabe rawit, tapi pigur anu sakitu ulet, wanian, tanggungjawab tur berehan jeung sasaha waé," pokna 

Kamandang ti Kang Irwan dihaminan ku Suha (78), malah nu janten dunungan téh ngarasa reueus bisa babarengan tugas ngalaksanakeun perda. “Komo basa kamari sidak wengi-wengi di Kecamatan Sukatani, sapertos témbong dina gambar, yén bu Dedeh sanajan wengi ogé tetep ngalaksanakeun sakumaha mestina,” pokna Suha.


Lain halna ceuk  Yusup (32), warga Gg. Alamanda Rt.086/11 Purwakarta salaku Juru parkir di Mesjid Agung Purwakarta ka Warta Sunda Onliné, sabada Juma'ahan, 18/7 2020. Ibu Dedeh téh jalmina henteu sombong, teu agul ku jabatan. Tapi handap asor, soméah ka sasama. 


Yusup (32), warga Gg. Alamanda Rt.086/11 Purwakarta salaku Juru parkir di Mesjid Agung Purwakarta.

"Dugika ka para juru parkir ogé, soméah. Teu ngabéda-béda status. Ku kituna sim kuring sareng babaturan juru parkir nyebutna "EMA". Nilik tina kadeudeuhna ka sasama bohna ka nu sahandapeun teu weleh we sok masihan wejangan." Pokna Yuéup.

Ceuk Yusup, Ema Dedeh Mincreung pajabat nu soméah, handap asor tur jagoan. Kawas Jagoan Tutugan dina carita silat. Ku kituna ieu Srikandi Jago Tutugan di Satpol PP.

SSedengkeun ceuk Dedeh Sopia Hasanah, S.Pd, M.Pd, Kabid Trantrib Satpol PP Kabupatén Purwakarta nalika ditugaskeun di Satpol PP, inyana enjoy ngalaksanakeun tugas hususna ngajalankeun Perda ngeunaan galian C.

Saperti peuting maleman Juma’ah ngayakeun sidak bareng Polres Purwakarta, sidak ka lokasi galian taneuh beureum di Désa Sukajaya, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta.

Nilik tina aktivitas galian taneuh beureum, ieu masarakat jadi hariwang jeung keuna dampak tina polusi udara kajaba mun hujan patalimarga diwewengkon éta laleueur.

“Ku kituna pihak Pemkab babarengan jeung Polres Purwakarta nutup jeung masang garis police line di lokasi galian taneuh bereum éta,” pokna Kabid Trantib Satpol PP.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Srikandi Jago Tutugan di Satpol PP"

Posting Komentar