SAKANTET UCAP KEUR H. USEP ROMLI, H.M.
Inna lillahi wa inna ilaihi raaji'un.
Parantos mulih ka kalanggengan, guru sim kuring, seniman,
sastrawan, budayawan, jurnalis senior, Kang H. Usep Romli, H.M., dinten Rebo, 8
Juli 2020, tabuh 09.50.
Duh asa ci kénéh minggu kamari sareng anjena japrian, da teu
weleh ampir tiap poé ngobrol di WA, ngeunaan tulisan sastra, artikel jeung
essai. Tak ketinggalan Kang H. Usep Romli
selalu cerita mengenai pengalaman-pengalamannya yang cukup matang dan rasa
takdzimnya pada Kiyai-kiyai/ Ulama NU seperjuanganya dulu. Sungguh sangat
disayangkan, beberapa kali saya disuruh mampir kerumahnya di Garut, belum
sempat karena terjeda covid. Sapa
beliau. Kang Ridwan, amengan.
Da kang Hajimah, tos kolot mun jagjag ngora kawas Ridwan mah pasti amengan ka
sanggar di lembur awi pacet, komo diditu téh kapungkur akang gaduh sobat
saperjuangan, Almagfurllah KH. Yusuf Salim dan
KH. Ali Imron Faqih. (Ponpes
Baitul Arqom). Saprak marantena ngantunken, akang tos lami te kapacet.
Jika diuraikan disini
cukup panjang. Yang jelas sosok kang H.
Usep Romli, luar biasa banyak masukan masukan cemerlang yang kuserap.......
Ia, bukan sekedar sang
teladan dalam hal dunia jurnalistik, sastra n tulis menulis, melainkan salah
satu tokoh Agama dan pejuang tulen pengabdian cintanya pada NU/Nahdliyin
Wilujeng angkat, Kang Haji......
Pamugi khusnul khatimah dijantenkeun ahli sawarga-na Alloh.
Aamiinn ...
Allohummagfirlahu warhamhu wa'afihii wa'fu'anhu ...
Alfatihah...
KANG HAJI USEP ROMLI, WILUJENG ANGKAT
Mani asa teu wasa, badé nulis perkawis pupusna Kang Haji
Usep Romli. Allahu Akbar. Cipanon nyurulung deui, emut kana sagala kasaéanana:
masihan pepeling hirup, nyeratkeun karya nu teu lepas tina da'wah, palirena
kana alam katut tatar Sunda mo aya dua, panyumangetna ka pribadi katut
organisasi, kanyaah sareng perhatosanna ka budak yatim, doa-doana, utamana ka
pun lanceuk, ah sagala rupi waé. Enyaan, matak dugi ka ngagoak waktos maca
pesen téh.
Teu kitu kumaha, asa diheulang téh leres. Kaping 5 Juli,
Akang ngawaler pamundut endorse kanggo buku antologi carpon PATREM. Muhun da
Akang nu ngawitan disuhunkeun endorse gé. Langsung harita kénéh nyaosan, mung
antara 10 menit. Kaping 6 Akang masih ngintun seratan-seratan nu dishare tina koran onliné Kang Darmawan
Sepriyossa Asli, jernih.co. Leres da ampir unggal dinten anjeunna ngeshare seratanna, ti saprak ngagabung
sareng éta koran. Tapi kaping 7 teu aya share
ti anjeunna. Kaping 8 kalah iber sungkawa. Subhanallah!
Asa teu percanten, Gustii 😭😭
Kang Usep nu sok janten pananggeuhan PATREM ku perhatian, kanyaah, kritikan,
sareng motivasina, kiwari tos teu aya. Padahal dina chatna nyarios, "aya kakirangan mah ngontak deui wé",
saurna. Kedah ngontak ka mana Akang? Nu rahayu langkung nyaah ka Akang, nyaur
tanpa iber, nyabada tanpa kabar, ngutus malakal maut ka hiji pejuang Islam nu
da'wah dina sastra katut jurnalistik.
Wilujeng angkat, Akang. Akang nu nyandak pangaruh kana
sajak-sajak abdi, nepi ka ulin rima jeung wirahma ngagores dina emutan harita.
Harita, mangsa éta budak SMP maca sajak-sajak dina NU LUNTA JAUH. Sajak-sajak
nu saur Akang 'sajak-sajak mangsa jahiliyah' eumm... Muhun da sabada éta mah,
karya-karya Akang, robih pinuh ku tendensi da'wah. Mung Akang nu konsisten dina
mela sarakan katut ageman Islam, utamana dina karya sastra Sunda sareng
jurnalistik.
Ya Allah, paparin Kang Haji Usep tempat anu mulya. Paparin
rahmat kubur sareng alam padang kanggo anjeunna...
Wilujeng angkat Kang. Hapunten teu tiasa jajap. Kajabi doa
sareng panineungan nu moal kendat. Tepang pamungkas téh waktos PATREM SABA
SAKOLA 2019, di Garut, enya tepang pamungkas. Emh waas, Akang jajap bari
gugupay. Abdi tina mobil, duka ku naon bet turun heula, teras moto Akang sareng
Teteh nu nuju gugupay...
*Diserat bari tuluy cimataan. (Ayu Mustika Mayashinta)
Ahir taun 1975, dina riungan PP-SS di Jalan Banténg, kuring
panggih jeung Kang Usep.
“Tang, bisi hayang kuliah di Jurusan Sunda Unpad, tepungan
jig Ade Kosmaya. Gratis kuliah ka dinya mah,” ceuk Kang Usep.
Harita kuring geus jadi wartawan di harian Mandala.
Ari Kang Ade téh pangarang deuih, sok maén drama, di
sagigireun jadi dosén di Sastra Sunda Unpad.
“Naha atuh lain Akang nu asup kuliahna?” ceuk kuring.
“Ah, horéam Akang mah,” témbalna.
Bet kabeneran, Kang Ade Kosmaya datang kana acara. Dina keur
salsé, kuring nyarita yén hayang kuliah ka Jurusan Sunda, sakumaha anu
diterangkeun ku Kang Usep.
“Aduh, hanjakal ayeuna mah moal tiasa, da tos elat,”ceuk
Kang Ade.
Ah, teu papanjangan.
Asana saminggu atawa dua minggu ti harita, kuring tepung
deui jeung Kang Usep, tempatna di Manglé.
“Mun ka Unpad teu bisa mah, ajaran atuh asupna ka IKIP
Bandung. Tepungan Pa Yus Rusyana,” ceuk Kang Usep.
Kencling ka Gegerkalong. Saur Pa Yus Rusyana, kuring kudu nepungan
Pa Karna Yudibrata anu harita mancén ketua jurusan.
Teu hésé, sabada kuring némbongkeun ijasah SMA katut piagem
yén kuring lulusan kedua terbaik ti sa-SMA, Pa Karna nyarios, “Mangga, ditampi.
Sing betah kuliahna, nya.”
Hal ieu dicaritakeun téh, duméh anu jadi cukang lantaran
kuring bisa kuliah téh nya Kang Usep pisan. Anu karasa ku kuring, Kang Usep
gede perhatian ka yuniorna. Kaasup méré bongbolongan dina urusan nyieun
karangan. Teu korét ku kanyaho, tur daék ngabingbing, najan mindeng ceplak pahang.
Kuring loba kahutangan budi ku Kang Usep.
Jaman sakola di SMPN Limbangan kuring kungsi maca buku
barudak karangan Usep Romli HM anu matak pogot macana. Meureun pèdah
nyaritakeun barudak arulin di sabudeureun Limbangan anu tempat-tempatna
dipikawanoh. Komo Cipancar mah, walungan pangulinan pisan.
Amprok munggaran jeung Pa Usep Romli tèh taun 2015 basa
miluan "Keurseus Budaya" di Museum Sribaduga. Gok deui di Balè
Rumawat UNPAD dina acara loncing buku "Neng Maya." Anjeunna ku kuring
dipotrèt jeung barudak Sastra Sunda UNPAD anu harita hadir.
Tuluy wanoh sarta nyumangetan kuring ngotrèt dina basa
Sunda. Rèa buku karanganana setting kampung teu bosen maca. Carpon kuring
"Aya Karaman di Leuwi" (Majalah Manglè) diapréasiasi ku anjeunna.
Puguh wè atoh. Geus lila diajam hayang silaturahmi ka bumina di Cibiuk. Waktu
Pa Usep dirawat di RS Guntur mah diparengkeun bisa ngalayad.
Asa ngimpi tadi isuk meunang bèja Pa Usep Romli ngantunkeun.
Horèng lain hoaks. Hanjakal pisan teu bisa ta'ziah. Hatur nuhun èlmuna, Pa Usep
Romli. Mugi ditampi iman islamna, dihapunten sagala dosana. Aamiin. ***
H. USEP ROMLI
Mimiti apal ka Pa H. Usep Romli téh waktu kuring sakola di
SMA Negeri Leles, antara taun 1976-1979-an. Waktu Anjeunna sering sumping ka
Dinas Pendidikan Kadungora.
Dituduhkeun ku babaturan.
"Tuh itu Usep Romli téh".
"Na, saha kitu? Sabagé naon manéhna téh?"
"Naha teu apal? Sastrawan, siah"
"Ooh". Kuring ngan ukur bisa ngembang kadu.
Rumasa, keur ngora kuring teu resep kana sustra-sastra téh,
ari karesep waktu harita kana olahraga.
Gambaran Kang H. Usep Romli waktu harita, dedeg sampé rupa hadé. Buuk gondrong, kulit konéng bersih. Pokona, "bikin klepek-klepek kaum hawa". Malah nu ngajadikeun kuring timburu, mojang panggeulisna sa-SMAN Leles ogé naksir tah ka 'si sastrawan' éta téh. Hanjakal, rék didongéngkeun ka Anjeunna, geuning kabujeng ngantunkeun.
Apal nu saterusna ka Pa H. Usep Romli waktu kuring ngajar di
SMAN Leuwigoong. Aya béja, Anjeunna sebagé wartawan koran PR.
Naha kuring bet apal, sabab ampir sadaya palaputrana sakola
di SMAN Leuwigoong. Malah aya nu ka wali kelasan ku kuring.
Anu jadi kahemeng kuring, salila palaputrana sakola di SMAN
Leuwigoong, can sakali ogé kawénéhan Anjeunna sumping ka sakola. Rapat ortu jeung
pembagian raport ogé ngan diwakilan ku Ibuna.
Sigana Anjeunna mah wartawan asli, sabab ari wartawan kawé
mah, seugna unggal usik datang ka sakola, lamun teu nyingsieunan, tuluy meres.
Nya, ménta haratis iuran budakna.
Dua taun ka tukang, waktu ta'ziah pupusna mantan Ketua MKKS
Garut. Pa H. Hendi Mardani. Keur jongjon kuring nangtung. Torojol babaturan
saprofési, solongkrong salalaman bari pok ngomong "Damang Pa H. Usep
Romli". Heureuy maksudna mah, duméh ngaran hareup kuring sarua papada
"Usep". Tapi, orokaya para tamu gigireun, sing salongkrong sasalaman.
"Damang Pangersa". Samalah aya nu ngajak ngobrol lila. --"Sering
sasarengan sareng tuang rai, jeung bla bla bla"--, cenah. Kuring ngan ukur
bisa unggut-unggutan jeung seuri konéng.
Heuheuy deudeuh ..., kuring disangka Pa H.Usep Romli.
Palebah mana miripna?. Sigana duméh kuring sok sarua maké topi barét kitu.
Héhé.
Wilujeng angkat Kang.
Mugia kénging rohmat sareng magfiroh Alloh SWT.
#net_carita_BahSéno.
0 Response to "SAKANTET UCAP KEUR H. USEP ROMLI, H.M."
Posting Komentar