Kabiasaan Urang Sunda “NGAPUR” Ngasep/Ngageulis Imahna
T |
adi isuk sabada ngalaksanakeun olahraga
sapédah, sim kuring nyempetkeun waktu pikeun ngecek kagiatan “NGAPUR” trotoar
jalan. Ieu minangka tradisi urang Sunda hususna Purwakarta nalika rék ngayakeun
hajatan, biasana mah ngasepan atawa ngageulisan imaha saméméh hajatan. Filosofi
ieu diturutan ku para ASN Purwakarta.
Nilik, ping 20 Juli nu bakal datang
minangka rék milangkala Purwakarta ka-52 taun jeung Kota Purwakarta ka-189 Taun.
Ku kituna, Inyana umajak ka tiap ASN di Purwakarta sangkan ngapur patalimarga
di sabaraha titik, ieu minangka “Tanda Cinta”. Kitu ceuk Bupati Purwakart, Hj.
Anne Ratna Mustika sabada olahraga sapédah, Juma’ah, 10/7/2020.
Malah mandar, sim kuring ogé milu aub dina
ngecet babaregan jeung para ASN lainna. “Geuning ngecet téh teu sagampang kitu
waé, malahan hésé ogé, kedah ngajiwaan,” pokna.
Pihaknna ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka
para ASN ku dedikasi nu parantos ngalaksanakeun kagiatan sosial, kagiatan ieu
téh hasil inisiatif ASN Purwakarta dina babakti ka lemah cai pikeun
ngawujudkeun Purwakarta Istimewa.***
0 Response to "Kabiasaan Urang Sunda “NGAPUR” Ngasep/Ngageulis Imahna"
Posting Komentar