Gedong Gedé Haramunan PLTA Cinangling Saksi Sajarah nu di tapak deui
“PLTA Cinangling nyaéta turbin pembangkit Listrik Mikro Hidro nu panggedéna diantara tilu turbin PLTA nu aya di Subang”
SUBANG – Warta Sunda
Onliné,
P |
LTA Cinangling kungsi
nanjeur jadi puseur pembangkit listrik mikrohidro pikeun nya’angan sabagéan
kota Subang. Nyaéta di wilayah wewengkon Ciasem, Pasirbungur, Jalupang jeung
Perkebunan Tambaksari. Diwangun taun 1927 nalika nanjeurna pausahaan PW Hofland
nu ngawasa di Subang minangka jadi lahan perkebunan kopi, Pamanoekan &
Tjiasem Landens (P & T Lands). PLTA Cinangling nyaéta turbin pembangkit
Listrik Mikro Hidro nu panggedéna diantara tilu turbin PLTA nu aya di Subang.
Pola kerjana ku cara nyedot walungan Ciasem nu dibendung di Curug Agung.
Satutas diperékeun tina operasina taun 2017, PLTA Cinangling jadi hiji wangunan
anu ahéng, ngajegir di sisi jalan désa, ditengah Kebon Karét nu sarua geus alih
pungsi lahan jadi perkebunan rakyat satempat. Kaciri kurang kaurusna téh, kajaba
keueung, geueuman, malah leuwih populer jadi gédong angker nu sok didatangan ku
jalma dina paniatan uka-uka atawa néangan banda nu teu munasabah.
Komunitas
Pecinta Sejarah Subang (Kompas) ngagagas ide Napak Tilas ka PLTA Cinangling,
dirojong ku dinas instansi terkait, diantarana Musieum Kepurbakalaan Subang,
Bidang Kebudayaan Disdikbud Subang diaub pangrojong ti lsm, tokoh budaya,
organisasi, juru warta, penulis, unsur pemuda sareng masarakat/pribadi. Acara
nu dijudulan “Ekskursi Sejarah PLTMH Cinangling & Bendung Irigasi Curug Agung”,
poé Kemis, 23 Juli 2020.
Acara
dieusi ku paparan ngeunaan sajarah PLTA Cinangling nu dirangkum ti sababaraha
sumber, diskusi santai sareng pengontrolan turbin PLTA nu masih weweg,
boh mesinna pon kitu deui wangunan nu tos nanjeur ampir saabad éta.
"Napak
tilas ieu digagas ku Komunitas nu tujuanna ngaregistrasi tempat jeung wangunan
nu ngandung niley history kanggo
dimangpaatkeun di jaman bihari. Sukur-sukur upami pamaréntah satempat tiasa
kagugah kanggo ngajadikeun wangunan sajarah ieu janten destinasi wisata
lokal." Andi Aris, minangka ketua Komunitas Pecinta Sejarah mertelakeun
visi misina ka Warta Sunda Onliné sabada acara éta.
Hal nu sarua
diungkapkeun kalayan daria ku Yayan Suryanata minangka Kasie Jarahnitra
(Sejarah dan Niley Tradisi) Bidang Kabudayaan DisDikBud Kabupatén Subang nu
ngarasa reueus ku ayana kagiatan samodél ieu. Samalah Anjeunna miharep pisan kana
kagiatan ieu nu saterusna aya deui gagasan-gagasan anyar dina ngalengkepan
acara Napak Tilas ngarah langkung mundel.
"Kacida
ngadukungna kana kagiatan nu digagas ku Komunitas Pecinta Sejarah Subang kalih
panyokong nu sanésna. Nu diharepkeun kagiatan ieu continue boh napak tilas sejarah atanapi prasejarahna. Sabab seueur
pisan di Subang ieu situs atanapi titinggal boh ti jaman sajarah boha deui titingal
jaman prasejarah" pokna Yayan dina acara diskusi.
Kepala
Musieum Kepurbakalaan Subang, Hendrik, sami ragem ungkara nu ditepikeun ti nu
sanésna, malahan inyana nyawalakeun rancangan nu aya patalina jeung kawijakan
tur tupoksi musieum dina ngamumulé titinggal baheula.
"Perlu
ayana tulisan anu ngarangkum bukti titinggal sajarah, mangrupa buku. Musieum
ogé aya paniatan pikeun ngabadikeun tempat tur wangunan sejarah nu diriungkeun
dina maket leutik, nu gunana pikeun nerangkeun yén di Subang aya tempat tur
wawangunan nu kacida pentingna," saur Hendrik.***
0 Response to "Gedong Gedé Haramunan PLTA Cinangling Saksi Sajarah nu di tapak deui "
Posting Komentar