WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Diskanak Purwakarta Ngagelar Penyuluhan Meuncit Sato Kurban Ka Para DKM



PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,

Dina raraga badé mayunan Idul Adha 1441 Hijriah, Dinas Peternakan jeung Perikanan (Diskanak) Kabupatén Purwakarta ngagelar penyuluhan meuncit sato kurban ka para Dewan Kemakmuran Masjid (DKM) di aula Diskanak Purwakarta, Jalan Suradireja, poé Salasa (21/7).

Hadir Dina éta kagiatan, Kepala Diskanak Budi Supriadi, Kabid Kesehatan Hewan (Keswan) Teddy Sudia, perwakilan ti Kementerian Agama (Kemenag) jeung ti Majelis Ulama Indonesia (MUI) Kabupatén Purwakarta. Dina sosialisasi éta dihadiran ti 50 urang DKM Masjid Jamie ti 15 kecamatan sa-Kabupatén Purwakarta.

Kadiskanak Kabupatén Purwakarta Budi Supriadi, nyaritakeun, Dina raraga rék nyanghareupan Idul Adha (Kurban), ngagelar penyuluhan pemotongan sato kurban anu sehat, layak jeung bener.

"Sok sanajan masih dina kaayaan sasalad  Covid-19, Alhamdulilah Kabupatén Purwakarta asup kana level 2 (zona biru, red) nilik tina nu kacatet ti tim gugus tugas covid-19 Kabupatén Purwakarta. Tapi dina ngalaksanakeun penyuluhan tangtuna aturan kasehatan tetep di terapkeun sakumaha mistina," pokna.

Di tempat nu sarua Kabid Keswan Diskanak Purwakarta Teddy Sudia nambahkeun, yén dina raraga pamotongan sato kurban, kudu nurutkeun aturan jeung tatacara NU dibenerkeun nurutkeun saré'at Islam.

"Dina danget ieu, simkuring umajak ka para DKM, dina waktosna, kudu maké aturan anu bener, supaya sato NU enggeus dipeuncit bisa layak di tuangna. Salain ti éta Diskanak ogé geus nyiapkeun tempat husus keur pimeunciteun sato, nyaéta Imah pameuncitan nu aya di jalan Margaluyu Munjuljaya Purwakarta," pokna.

Teddy ngajelaskeun, hususna ka masarakat Purwakarta, sa'acan meuli sato keur kurban di upayakeun heula nanyakeun surat katerangan sehat ka tukang dagangan, supaya ngajamin yén sato jang kurban, sehat, layak jeung sah jang dikurbankeun.

"Kunaon kudu ditanyakan heula surat katerangan sehat jeung pin sehat kanu si penjual éta, kusabab hariwang, sato jang kurban nu rék di beuli kudu bener-bener sehat, layak jeung sah jang dikurbankeun. Supaya sato nu rék di kurbankeun aman dina cacing ati nu matak pibahayaeun mun di konsumsi ku jelema," tegesna.

Kadiskanak nambahan, ka para DKM, upami badé ngalakukeun meuncit sato kurban sosoranganan, di masing masing patempatanana kudu tarapti tempatna.

"Dina hal ieu mah, DKM kudu tarapti tina tempat pamencitanana nyaéta kudu disiapkeun sanitasi pamencitanana, maké alas, kudu maké syare'at Islam (ulah asal mencit kitu waé, red) jeung nu utamana mah, pentingna kudu aya pin sehat tiap sato nu rék dikurbankeun," pokna. (Deni)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Diskanak Purwakarta Ngagelar Penyuluhan Meuncit Sato Kurban Ka Para DKM"

Posting Komentar