WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

4 Urang Maling Ngagalaksak Tempat Hiburan di Purwakarta


PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné, 

S

alasahiji tempat hiburan di Kabupatén Purwakarta, dibobol komplotan maling. Komplotan maling éta ngagalaksakna tengah peuting dina kaayaan sepi jempling tur tempatna keur kaayaan tutup. Malah mandar tempat-tempat hiburan éta téh beunang ku aturan pamaréntah anu ngalumakukeun yén sakabéh tempat hiburan teu meunang buka alatan ayana wabah Covid-19.

Kapolres Purwakarta, AKBP Indra Setiawan nu diwakilan ku Kanit Reskrim Polsek Bungursari, AKP Yoga Prayoga, nyebutkeun, yén tempat hiburan 'karaoke' nu jadi sasaran pikeun dibobol nyaéta tempat hiburan tempat nyanyi “Queen”. Kajadian nu saperti kitu téh poé Senen sawatara minggu katukang.

"Para pelaku nu ngabobol tempat karaoke éta téh aya kana opat (4) urangna. Tilu diantarana geus beunang diamankeun di dua wilayah nyaéta Purwakarta jeung Karawang. Sedengkeun pelaku nu saurangna deui masih kénéh ditéangan," pokna Yoga di Mapolres Purwakarta, Saptu (18/7).

Tilu urang pelaku diantarana Agus Susanto (41) alias Ikang, Sarman (30) alias Tuyul, sarta Aép Saépuloh (38) alias Bulé. Sedengkeun saurangna deui masih kénéh buron, malahan ngaranna téh Bayu (20) nu dipikanyaho. Dua pelaku ieu minangka warga Karawang sarta nu hiji na deui téh urang Purwakarta.

"Kajadian nu saperti kitu téh, geus aya kana tilu kalina. Jigana maranéhannana dina ngalakukeun perkara kitu téh, lain di Purwakarta wungkul, ku sabab aya dua urang pelaku urang Karawang. Tapi nu jentrena mah, sim kuring salaku petugas rék ngembangkeun perkara ieu," pokna deui.

Yoga nambahkeun, kiwari rengrengan di kepolisian Polres Purwakarta keur ngudag hiji pelaku anu can katewak atawa nu masih kénéh buron. Para pelaku dina ngalancarkeun aksina ku cara naék sarta ngajebol atawa ngabongkar témbok tempat karaoke anu aya di Sadang, Désa Ciwangi, Kecamatan Bungursari, Kabupatén Purwakarta.

"Komplotan garong nu ngabobol éta patempatan téh, marawaan parabotan waditra nyanyi diantarana sapeker jeung perangkat DJ. Jadi karugian éta tempat karaoke téh ditaksir aya kana 170 juta," pokna.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun yén para komplotan garong pikeun ngalancarkeun aksina ngagondol 4 sapeker, 9 set lampu disco, 2 set mixer, 1 set amplifier, 1 set alat DJ, 1 set power system, 1 set twiter, sarta 1 wireless.

Lian ti éta, para pelaku ogé dina aksina barang bukti ku mangrupa ragaji beusi, linggis jeung obéng kémbang diamankeun.

"Ayeuna para pelaku diamankeun di Mapolsek Bungursari jeung barang buktina. Malah mandar para pelaku diancam hukuman tujuh taun penjara luyu jeung pasal 363 ngeunaan pencurian jeung pemberatan," pokna Bapa Kanit Reskrim. *** (Deni)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "4 Urang Maling Ngagalaksak Tempat Hiburan di Purwakarta"

Posting Komentar