WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

286 urang Santriwan-Santriwati TPA-TQA Baeturrohim Paléréd Nerapkeun Protokolér Kaséhatan

Salasaurang santri nu diwisuda ieu téh wastana Séfa Septianto Sastra Diwangsa, putra ti pasangan Anto Sukanto (wartawan koran Galura - Pemred Warta Sunda Onliné) sareng O.Rohana.*

PALÉRÉD - Warta Sunda Onliné,

2

86 urang Santriwan-Santriwati TPA-TQA Baeturrohim Paléréd ku pihak pengelola sakola di wisudaan ku cara nerapkeun Protokolér Kaséhatan. Para santri éta, ti mimiti jam 10.00 Wib nepika soré digilir wisuda. Malah mandar jumlah santrina wincikanana 131 urang TK plus, 80 urang TPA sarta 75 urang TQA warisuda.

Kepala Sakola TPA-TQA Baeturrohim Paléréd, H.M. Mumu Anwar Musadad, S.Pd.I.*

Sok sanajan dina kaayaan sasalad covid-19, para santri TPA-TQA Baeturrohim Paléréd saméméh di wisuda, diajar sakumaha mistina nerapkeun anjuran ti pamaréntah. Diajar luring jeung daring. Jadi dina hal ieu, pihak pengelola tuhu kana ajuran pamaréntah. Kituna ogé dina wisudaan para santrina tetep nerapkeun protokolér kaséhatan.

Disagedengeun éta, pihak sakola nerapkeun protokolér kaséhatan ti mimiti nyadiakeun wadah wawasuh panangan, rapid tes/pengukur suhu badan, jeung jaga jarak antar santri. Pon kitu deui para orang tuana ogé dicek suhu tubuhna.

Kepala Sakola TPA-TQA Baeturrohim Paléréd, H.M. Mumu Anwar Musadad, S.Pd.I, poto bareng Wisudawan TPA terbaik 2019/2020.*

Tujuanna mah sangkan nu ngaranna sasalad covid-19 nyingray, kitu ceuk Kepala Sakola TPA-TQA Baeturrohim Paléréd, H.M. Mumu Anwar Musadad, S.Pd.I ka Warta Sunda Onliné sawatara waktu katukang di sakolana dina acara Wisudaan Santriwan-Santriwati TPA - TQA Angkatan 28 Tahun 2019/2020.

Pihakna tetep nerapkeun protokolér kaséhatan. “Harepan dina acara éta teu ngurangan hidmat, nu biasana di buruan sakola, ayeuna kapaksa di jéro sakola,” pokna H. Mumu. 

H. Mumu ngajéntrékeun yén disakolana tina mata pelajaranna ngautamakeun widang kaagamaan saperti maca Al-Qur’an/Iqro, Tajwid, Hapalan Surat-surat Pendek, Hapalan Ayat-ayat Pilihan, Hapalan Zuz Ama, Bacaan dan Praktek Solat, Do’a Harian, Akidah/Dirosah, Khot/Imla, Bahasa Arab, Kitabah, Tausil, Hisab, Fiqih, Bahasa Inggris, Sejarah Islam. Sakolana TPA / TQA Baeturrohim Paléréd dibawah naungan Kemenag Purwakarta.

Wisudaan Santriwan-Santriwati TPA-TQA Baeturrohim Paléréd ku pihak pengelola sakola di wisudaan ku cara nerapkeun Protokolér Kaséhatan.*

Sakola nu aya di Paléréd ieu, teu leupas ti pihak Yayasan Nur Hidayah nu dipupuhuan ku H. Dedi (Kapolpos Tegalwaru). Kalayan jumlah staf pengjarna 43 urang téh, ngatik jeung ngadidik santrina sangkan anu berakhlakul karimah.,” pokna Kasek H. Mumu Musadad, S.Pd.I mungkas wangkongan.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "286 urang Santriwan-Santriwati TPA-TQA Baeturrohim Paléréd Nerapkeun Protokolér Kaséhatan"

Posting Komentar