Tumis écéng Ku : Riskaya09
# Tumis écéng #
Baluas. Ampir opat puluh taun rarabi, bati otél waktos apél, lima. Selang sekar gugulitikan dina samak saheulay. Gedong sigrong, mobil kaluaran enggal nu janten udagan, ukur gambar nu mipindingan bilik padumukan. Rumaos Nung, lieuk euweuh ragap taya.
"Hayu, kabujeng ku batur." Ngajéwang panangan. Mapay galengan na wanci haneut poyan. Anjog ka sawah, caina macak-macak. Jarami ngagalolér. Katawis écéng nu ngémploh haréjo. Sawarna héjona sareng cindung nu nutupan rambut panjangna. Anteng paduduan ngundeur écéng sawah harita.
"Jodo jeung pati kagungan Gusti, urang mah ukur katitipan diri." Ngahariring, nganteurkeun réma panangan ngayap écéng nu mayakpak dina sela-sela jarami baseuh. Cekap sakitu gé kanggé pangbeberah manah. Sanaos diri lapar sareng hanaang teu tiasa dipungpang.
Bingah, Nung. Sakitu ngalimedna cekap dahar sareng tumis écéng kalandep urang duaan, cacamuilan disoro saanak kulawarga, aéh, muhun nya, sanés milandep. Nyata kapan taya sanesna deui.
"Akang, badé numis écéng heula, Nung!" Binarung imut nu deudeuh.
"Kadé parancahna tong hilap! Ngarah karaos nikmatna," ngaharéwosna bari niup écéng ku lambey nu kareueut mun dilédot. Kantenan moal kalangkung, Nung. Mungguh Gusti nu bakal ngabéngraskeun poé kamari, ayeuna, enjing sareng enjingna deui.
Ngausap damis nu manis, ngelemeng beureum lir kukupu mébérkeun jangjangna.
Muhun, Nung. Saur dokter gé gering éta téh teuacan aya nu mendakan landongna. Keun, hiji mangsa tangtos kapendak. Sing yakin tur sabar Nung.
"Kang!" Imut ngagelenyu. Nyangkéré.
Hawar hawar. Hariring jeung harewosna ngahiyang dina enggon. Diharudum simbut kamelang dipépendé kanyerina.
***
Riskaya09@Januari_2020
0 Response to "Tumis écéng Ku : Riskaya09"
Posting Komentar