WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sanghyang Tikoro Jeung Saatna Situ Bandung Purba.

Poto Sanghiyang Tikoro.*


Sanghyang Tikoro minangka hiji guha alam di wewengkon aliran walungan Citarum Purba nu bisa didongdon ti jalan Rajamandala-Saguling. Perenahna sagigireun Power House PLTN Saguling. Kurang leuwih 5 km ti pertélon Rajamandala. Malahan cai nu ngalir ayeuna ka dinya gé kalolobaana mah tina aliran cai nu dikocorkeun tina turbin sanggeus ngaliwatan pipa-pipa raksasa ti bendungan Saguling nu jarakna kurang leuwih 7 km.

Loba carita jeung riwayat ahéng nu aya patula-patalina jeung ieu Guha,  ti mimiti riwayat ghoib jeung dhohirna, ilmiah jeung non ilmiahna, katut carita-carita nu tatalépa ti Biwir ka biwir, pangpangna ti kolot baheula ngeunaan ieu Guha. Ngan mémang teu bisa dibantah deui, ti mimiti jarak 10 m saacan biwir Guha gé geus karasa hawa nu teu biasa, sok komo geus asup pisan mah, rarasaan téh geus teu paruguh jeung geueuman nakeranan.

Cag lebah dinyana mah. Ayeuna urang pedar tina widang Géologi katut Arkéologina baé ngarah teu jadi bahan kapanasaran.

Guha Sanghyang Tikoro bisa dipastikeun ayana ti 12.500.000 nepikeun ka 75.000.000 taun saacan maséhi. Hal éta bisa katingali tina kandungan mineral nu aya dina batu atawa Cadas nu ngawentukna. Saperti halna Guha jeung batu Cadas atawa nu sohor disebut batu Kapur atawa batu Gamping ilaharna sediment nu ngandung unsur Calcium carbonate serta campuran pospor, Uyah, taneuh, nu museur kana kalsit Sediment (tamperan) batu, tina sésa-sésa kahirupan biota atawa organisme lautan déét nu numpuk lalapisan mangréwu atawa mangjuta taun ka tukang nu antukna neuasan ngawentuk jadi batu Cadas atawa batu kapur.

Sanghyang Tikoro disebut ku para ahli Géologi katut Arkéologi salasahiji nu ngajadikeun saatna Situ  Bandung Purba, nyaéta sanggeus cai ngaliwatan rekahan di Leuwi Bingbin tuluy ngagerus karang di Cukang Rahong, satuluyna éta sabagéan cai asup kana liang atawa Guha Sanghyang Tikoro nu legana ditaksir kana 18-25 m tur luhurna aya kana 7-10 meter, ngan palebah jerona nepikeun ka kiwari tacan aya nu nganyahoankeun sacara pasti, sarua jeung nasib cai nu asup ka dinya, duka terusna ka mana, kusabab tacan aya pananlungtikan nu leuwih jauh sual éta, mangsa kuring harita asup ka dinya gé, sanggeusna meunang kana 50 méteran jarakna ti biwir guha, hawa kacida tiisna, eungap siga nu geus Ipis kandungan oksigénna, malah lampu sénter nu dibekel ogé teu bisa nembus poékna kaayaan kajeronakeun.

Cag.

#Maluruh

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sanghyang Tikoro Jeung Saatna Situ Bandung Purba."

Posting Komentar