WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Reuni - Ku Abah Dedi



Reuni

(Abah Dedi)

Dina hiji peuting, di rohangan anu lega, para _alumni_ ngayakeun _reuni_ saangkatan. Réngsé acara utama, dituluykeun kana acara _bernostalgia_. _Alumnus_ karumpul, gugunclukan. Aya nu lobaan, nu saeutik malah aya ogé nu nyorangan waé. Séwang-séwangan garogonjakan, hareureuy tapi aya ogé nu katingal alum. 

Kuring nyokot tempat di juru, nu remeng-remeng, paduduaan jeung Dudang, sobat kuring. Ngahaja nyokot tempat di dinya sangkan teu atra teuing ku batur bari kuring bisa ningal batur kalayan atra.

Uplek ngobrol. Sempal guyon. Kalan-kalan ngobrol daria jeung Dudang. Seuseurian, kalan aya obrolan nu matak kerung kana tarang. Malah aya ogé nu matak ngeclakeun cimata. 

Anteng nyorangkeun babaturan nu sarua pada-pada uplek ngobrol jeung sobat-sobatna.
"Dang, loba batur urang nu teu datang dina _reuni_ ieu, nya?" Kuring nanya ka Dudang.
"Enya, loba. Duka ku naon jeung keur ka marana," témbalna, "tingali si Édah jeung si Dédé, Nang!" 

Rét kuring ngarérét ka lebah nu ditunjuk ku Dudang. Bréh, katingal dua awéwé kalayan beungeutna alum. Kageulis maranéhna waktu sakola kénéh, leungit. Katingal jiga loba kapeurih, loba kasieun. 

Dudang ngécéskeun yén duanana maot keur mabok. Kabeuleum jajantung jeung paru-paruna, cénah. Ari si Tika nu nyorangan waé bari ceurik, cénah maot nginum racun beurit alatan reuneuh euweuh nu tanggung jawab.

Tungtungna, Dudang, kokolot _reuni_, ngadon nyaritakeun rupa-rupa cara nu maot. Cénah nu ngarumpul di dinya téh aya nu maot alatan gering, tabrakan, aya nu keur ngaji, keur salat. Aya ogé nu maot keur ma'siat.

"Ari nu dirompi _orén_, saha, nutupan waé beu geut?"
"Ooo...éta si Basuki. Manéhna mah paéh dijero panjara. Pan beunang ku KPK alatan korupsi."
"Oooo...kutan? Ari itu nu jékét héjo, poho deui, saha?"
"Éta mah si Dayat. Paéhna gara-gara tigebrus ka walungan jeung motorna."
"Naha?"
"Pan diboro ku masarakat, alatan sok nyawélan susu barudak SMA nu baralik sakola."
"Ooo, enya. Aya wartana dina TV. Pernah ngadéngé."
"Ari Dudang iraha jeung ku naon?" Kuring nanya.
"Pan urang mah sabulan ka tukang. Korban kahiji virus corona."
"Ari Nanang?"
"Kuring mah diteunggar domba garut keur ngarit. Matak sirah nepi ka kempés kieu gé, kamari, isuk-isuk."

Kadéngé tina toa masigit aya nu _tarhim_. Sapada harita, alumni nu keur réuni, ngaracleng, laleungit. Kaasup kuring jeung Dudang.

Di wewengkon astana sepi, jempling. Euweuh sasaha. Nu aya ngan perentulna kuburan nu kasorot ku bulan ka subuhnakeun. Kembang tujuh rupa dina luhureun kuburan kuring, nu diawurkeun kamari, pasosoré, tinggurilap, kabaseuhan ibun Subuh.

#abahdedi_150320

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Reuni - Ku Abah Dedi"

Posting Komentar