WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pandemi Covid-19 keur SMPN 1 Sukatani Manén Paré Infari

“300 ember paré ieu hasil gawé capé barudak. Ti mimiti ngabinihan nepika ayeuna dipanén. Ngan hanjakal, dipanénna paré ieu téh barudak SMPN 1 Sukatani teu bisa nyaksian babarengan. Keur mah ayeua sasalad pandemi covid-19!!!”

SUKATANI – Warta Sunda Onliné,

K

arancagéan pihak Sekolah Menengah Pertama Negeri (SMPN) 1 Sukatani ti mimiti kepala sekolah, guru katut pasapon dina instruksi nu diembarkeun ku dununganana (Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta) DR. H. Purwanto tina uar pangajakna marelak paré dina ember atawa polibag.

Dina hal ieu mah, pihak SMPN 1 Sukatani, mangsa opat bulan katukang sakola uar pangajakna ka parasiswa pikeun marelak paré dina ember atawa polibag geus dilaksanakeun kalayan daria. Saperti ayeuna poé Rebo ping 10 Juni paré hasil pepelakan parasiswa dipanén. Kitu ditetelakeun ku Kepala SMPN 1 Sukatani, Sukiman, S.Pd, M.Pd ka Warta Sunda Onliné di sakolana. Alhamdulillah, panén téh lumangung kalayan lancar, rengrengan pihak sakola geus saget araya disakola.  


“Sok sanajan kaayaan pandemi covid-19, paré-paré pepelakan barudak ngahaja dipanén. Da mun dilamikeun bisi seep ku hama (manuk piit),” pokna Sukiman.

Ku kituna, sim kuring saparakanca rengrengan juru atik manén paré di buruan sakola. Keur mah paréna aya dina ember. Malah mandar jumlahna langkung ti tilu ratus ember.

“Tadi na mah, dina waktuna panén téh barudak bisa marilu maranén. Ngan ku ayana pandemi covid-19, kituna ogé rék diilubiungkeun ti wawakil kelas atawa pengurus OSIS mah, barang opatan limaan, bisa datang ka sakola, kalawan tarapti nurutkeun prosedur protokol kasehatan dina nyegah pandemi covid-19,” pokna deui Bapa Kepala SMPN 1 Sukatani.



Nilik tina kasapukan jeung rengrengan guru, “Nya barudak teu diilubiungkeun dina panén raya paré di SMPN 1 Sukatani,” pokna lalaki lalanang jagat aktivis pramuka.

Dina panén paré éta, pakakas saperti etém, arit, karung (wadah gabah), gebotan, timbangan jeung réa-réa deui. Malah mandar, disakolana dina manén paré téh ngagunakeun etem.

Katémbong Bapa Kasek jeung rengrengan juru atik dibantu pasapon manén paré diburuan sakola. Dina kateranganana Kepala SMPN 1 Sukatani yén binih nu dipelak téh paré jenis inpari 32. Malah para kepala sakolana téh samemehna studi banding heula ka Kabupatén Subang ka bagéan balé benih pertanian pikeun nampi élmu pangaweruh tina cara-cara melak paré.

Saur Sukiman, pihakna tina hasil panén éta téh, dina saember paré ngahasilkeun 0,8 gram gabah. Jadi dina jumlah 300 ember bisa manén paré infari 32 téh aya kana 240 Kg.

Pikeun nyuburkeun jeung ngahasilkeun paré infari éta, pihak sakola maké pupuk TS sareng Urea nu perbndingan tina saember téh, sasendok makan dicampur. kayaning 300 ember téh nganggo pupuk 60 nepika 80 kilo pupuk.

Malah mandar ngarawatna téh sapoé tilu kali nyiram nganggo pupuk TS jeung Urea. wincikan tina ukururan pupuk téh, sasendok urea, sasendok TS. 

Ngan hanjakal, mangsa téréh panén ayeuna, barudak moal bisa nyaksian babarengan. Nya sigana wawakil kelas atawa pengurus OSIS mah, barang opatan limaan, bisa datang ka sakola, kalawan tarapti nurutkeun prosedur protokol kasehatan dina nyegah pandemi covid-19.*** (A.Mugian/Anto)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pandemi Covid-19 keur SMPN 1 Sukatani Manén Paré Infari"

Posting Komentar