MILANGKALA PURWAKARTA TAUN AYEUNA UKUR TASYAKUR BINNI’MAH
"Pamaréntah Kabupatén Purwakarta, Provinsi Jawa Barat, taun ayeuna henteu ngagelar saniskara kagiatan nu rohaka. Alesanna pikeun nyinglar beuki nerekabna Covid-19 jeung pikeun nangtayungan wargana. Biasana loba pisan warga kawas taun-taun samemehna marilu aub rohakana milangkala Purwkarta.”
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
Milangkala Purwakarta taun ayeuna henteu digelar lantaran kasus positif Corona masih dina tahap New Normal. Milangkala nu ka-52 Kota/Kabupatén Purwakarta ka-189, taun 2020 mah moal kawas taun-taun katukang. Keur mah alam dunya nuju tunggara ku pandemi covid-19.
Ungkara diluhur éta minangka hasil wawancara jeung ngumpulkeun data tim redaksi Warta Sunda Onliné ti sabaraha nara sumber.
Rohakana milangkala Purwakarta, biasana geus katingali tianggalna dina bulan Mei. Tapi taun ayeuna mah, pes pareum ibarna. Kitu ceuk Arman (35) warga Kampung/Désa/Kecamatan Tegalwaru basa tepung jeung Warta Sunda Onliné di bumina, sawatara saminggu katukang.
Lain deui ceuk Asép guru SD di Kecamatan Sukatani, inyana nyebutkeun yén Purwakarta tempat lahirna téh biasana dina mapag milangkala sok aya bewara ngaliwatan surat edaran resmi ti Pemkab. “Tapi dugika danget ayeuna mah can aya salembar-lembar acan, komo informasi din hapena,” pokna.
Nilik tina wangkongan antara Kang Arman jeung Asép éta, nepika jadi pikiran keur sim kuring hayang tunya-tanya ka pihak nu leuwih kompeten.
Ping 24 Juni ngawanikeun tunya-tanya ka pihak kompeten. Nya ngaliwatan WhatsApp nanya ka pihak Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya (DISPORAPARBUD). Sekdisna (Heri Anwar), inyana dina waktu ayeuna mah can kenging informasi ngeunaan milangkala Purwakarta.
Ku informasi ti Pa Sekdis Poraparbud éta, jadi bahan keur penulis pikeun nyuluran patarosan ka Ibu Bupati Purwakarta.
Ari geus kana waktuna mah, nya ahirna tepung sareng Ambu Anne Ratna Mustika (Bupati Purwakarta) di Villa Hidden Valley Désa Cibodas, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, poé Juma'ah ping 26 Juni 2020.
Dina wawancara door stop éta, Ambu Anne Ratna Mustika masihan waktu jeung tim redaksi. Tina wangkonganana éta, ku soméahna Bupati Purwakarta nalika ditaros ngeunaan milangkala Purwakarta.
Bari jeung pokna, “Taun ayeuna ku ayana sasalad virus corona ngalantarankeun tatanan social burak-burakan,” pokna Anne Ratna Mustika nalika diangkir ka vila Hidden Valley Hills ku ibu-ibu PKK Kabupatén Purwakarta.
Dina situasi pandemi Covid-19 éta Kabupatén Purwakarta moal ngayakeun saniskara kariaan milangkala. Malah mandar dina raraga mapag lalakon anyar (new normal) hususna rencana rék milangkala nu ka-52 Kota/Kabupatén Purwakarta ka-189, taun 2020 ngan ukur ngayakeun kagiatan Sidang Paripurna ping 20 Juli 2020, Sukuran diinternal OPD sarta ping 17 Agustus na do'a bersama di mesjid Agung Purwakarta.
“Janten, Pamaréntah Kabupatén Purwakarta, Provinsi Jawa Barat, taun ayeuna henteu ngagelar saniskara kagiatan nu rohaka. Alesanna pikeun nyinglar beuki nerekabna Covid-19 jeung pikeun nangtayungan wargana. Biasana loba pisan warga kawas taun-tun samemehna marilu aub rohakana milangkala Purwkarta,” pokna Ambu Anne mungkas wangkongan.***
0 Response to "MILANGKALA PURWAKARTA TAUN AYEUNA UKUR TASYAKUR BINNI’MAH"
Posting Komentar