KAHIRUPAN BASA SUNDA KIWARI ku: Tatang Sumarsono
Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)
T |
aun 2009, UU 24 tahun 2009 tentang
Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara, serta Lagu Kebangsaan téh jadi putusan
DPR. Husus anu patali jeung basa daérah, aya anu kaunggel kieu, dina Bab III,
Pasal 42:
Pasal 42
(1) Pemerintah daerah wajib mengembangkan, membina, dan
melindungi bahasa dan sastra daerah agar tetap memenuhi kedudukan dan fungsinya
dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan perkembangan zaman dan agar tetap
menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia.
(2) Pengembangan, pembinaan, dan pelindungan sebagaimana
dimaksud pada ayat (1) dilakukan secara bertahap, sistematis, dan berkelanjutan
oleh pemerintah daerah di bawah koordinasi lembaga kebahasaan.
(3) Ketentuan lebih lanjut mengenai pengembangan,
pembinaan, dan pelindungan sebagaimana dimaksud pada ayat (1) diatur dalam
Peraturan Pemerintah.
Basa Sunda, ceuk éta UU, wajib
ditangtayungan jeung dibina ku pamaréntah daérah (dina hal ieu provinsi,
kabupatén, atawa kota). Ti dinya terus ditarékahan sangkan sina mekar sangkan
nyumponan pangabutuh masarakatna engggoning komunikasi, saluyu jeung kamekaran
jaman. Ari basa daérah téh bagian tina kakayaan budaya nasional.
Di Jawa Barat geus aya Perda No. 5 Taun
2003 anu eusina ngatur bagbagan miara basa daérah. Kitu deui di tingkat
kabupatén atawa kota geus aya perda anu eusina kawas kitu. Hal ieu kaasup
léngkah daria, sok sanajan tacan kaasup sampurna. Tapi ku kitu gé bisa dianggap
hiji calecer atawa tatapakan pikeun ngahirup-huripkeun basa daérah. Ari di
wewengkon Jawa Barat, sajaba ti basa Sunda anu paling réa panyaturna, aya deuih
basa Cirebon jeung basa Malayu Batawi. Tiluanana ogé boga hak anu sarua.
Husus ngeunaan basa Sunda, tétéla jumlah
panyaturna atawa anu ngagunakeunana dina kahirupan sapopoé tétéla henteu sarua
jeung jumlah cacah jiwana. Malah beuki dieu téh aya dugaan beuki ngurangan.
Jumlah panyatur basa Sunda kiwari aya di
sahandapeun jumlah masarakatna (anu masih kénéh ngaku urang Sunda). Anu jadi
panyabab utamana nyaéta kulawarga Sunda geus teu ngagunakeun basa Sunda, sok
sanajan maranéhanana téh pituin Sunda. Loba faktor anu jadi pangaruhna, utamana
mah lantaran kondisi jaman, katurug-turug faktor méntalitas urang Sundana
sorangan deuih.
Najan geus rada lila, sawatara taun ka
tukang kungsi aya panalungtikan anu dipigawé kuBalai Bahasa Bandung.
Hasilna ngébréhkeun, tina 850 pasangan salaki-pamajikan, anu masih kénéh
bisaeun ngagunakeun basa Sunda mah ukur aya 754 pasangan. Tina jumlah sakitu,
barudakna anu bisaeun ngagunakeun basa Sunda mah ngan aya 565 urang. Padahal
asumsina, tina 754 kuren téh pasti jumlah barudakna leuwih ti sakitu. Cacak mun
saban kuren boga dua budak, jumlah sakabéhna téh aya 1.508 budak. Lamun anu
bisaeun nyarita ku basa Sunda ukur aya 565 budak, hartina ukur sapertiluna
leuwih saeutik (37%).
Cacak mun téa mah ayeuna aya deui
panalungtikan kawas kitu, bawirasa proséntaseuna bakal leuwih turun deui. Mana
komo lamun anu dijieun résponden éta panalungtikan téh kulawarga campuran,
misalna pamajikan atawa salakina lain urang Sunda. Enya apan, urang Sunda
kiwari téh teu sakabéhna meunangkeun jodo papada urang Sunda deui. Geus
dianggap ilahar ayeuna mah mun urang Sunda boga pamajikan atawa salaki béda
étnis, malah béda bangsa atawa béda ras.
Sajaba ti di lingkungan kulawarga, tarékah
pikeun miara basa Sunda téh aya nu dilaksanakeun dina prosés pendidikan formal
di sakola. Ngeunaan hal ieu gé geus aya parobahan, misalna waé pangajaran basa
Sunda henteu ngan di SD jeung SMP wungkul, tapi deuih di SMA jeung SMK. Malahan
mah di sakola anu diayakeun ku Kementrian Agama gé (Ibtidaiyah, Tsanawiyah,
jeung Aliyah), pangajaran basa Sunda téh aya.
Basa Sunda masih kénéh diajarkeun di
sakola, ti SD tepi ka SMA, sok sanajan bangun remen dibibira ku sawatara
“oknum” gegedén anu keur nyekel kakawasaan, utamana lamun dipatalikeun jeung
gunta-gantina kurikulum. Atawa sakapeung mah jolna téh ti anu ngaku kaom
inteléktual. Ari eusina mah, boh ti gegedén boh ti kaom inteléktual, pangajaran
basa Sunda téh dianggap teu perlu aya. Jadi kudu dicorét tina daptar pelajaran
di sakola.
Dina kabuktianana, tepi ka ayeuna gé
pangajaran basa Sunda di sakola masih kénéh aya. Ngan sakumaha anu remen
katiténan, éta pangajaran téh dianggap tacan keuna kana sasaran. Dina sawatara
tulisan média massa, loba anu ngangluh yén pangajaran basa Sunda dianggap hésé.
Ari anu jadi sabab lantaran anu diajarkeun di sakola-sakola téh leuwih loba
ngeunaan élmu basa, lain basa Sunda minangka pakakas komunikasi dina
pakumbuhan. Lian ti éta, materi anu diajarkeun ka siswa loba anu teu patali
jeung kakiwarian. Cindekna, matéri pangajaran basa Sunda téh leuwih loba
ngungkab hal-hal anu teu kaalaman ku barudak ayeuna, sabab nyoréang waé ka
tukang. Samalah di sawatara sakola (tingkat SMP) aya anu ngajarkeun aksara
Sunda. Tangtu waé lain hartina élmu basa atawa aksara Sunda dianggap teu
penting, ngan bakal merenah lamun diajarkeunana di paguron luhur anu ngulik
basa Sunda. Kitu deui sual undak usuk basa anu dianggap jadi panghalang kana
dipakéna basa Sunda dina pakumbuhan, bawirasa kudu dijinekkeun deui, kudu
kumaha pimerenaheunana.
Ku urang kasaksén, para ahli basa katut
pihak-pihak anu mikanyaah basa Sunda teu kendat nyieun tarékah, sangkan basa
Sunda tetep hirup-hurip, mekar, bari terus digunakeun dina hirup kumbuh ku
panyaturna anu geus jadi bagian ti masarakat Indonésia. Salian ti pangajaran,
media massa anu ngagunakeun basa Sunda tetep mayeng aya (boh citak boh
éléktronik, boh anu sagemblengna boh anu ukur nempatkeun jadi bagian rubrik).
Kitu deui dunya penerbitan buku basa Sunda (utamana sastra) tetep mayeng. Jeung
tangtu masih kénéh aya pihak-pihak séjén (di antarana ulama, kréator seni,
birokrat, jeung pingpinan lembaga) anu narékahan sangkan basa Sunda
hirup-hurip, ngaliwatan kagiatan anu patali jeung widang kaahlianana.
Atuh ayeuna, basa Sunda digunakeun dina
médsos deuih. Teuing aya sabaraha welas, atawa boa puluh kitu, akun grup anu
ngagunakeun basa Sunda. Anggota anu aya di hiji grup téh aya anu tepi ka
welasan rébu, sok sanajan bisa waé di grup séjén gé anggotana éta-éta kénéh.
Aya grup anu kaitung daria, aya deuih anu nga ngagedékeun heureuy, malah anu
caliweura ogé aya. Kangaranan médsos téa apan bébas, teu maké filter pikeun
panyaringna. Pokona mah saha waé ogé bisa mostingkeun tulisan basa Sunda dina
médsos. Hanas eusina jauh ti enya, ari geus kumaha deui tuda.
Sakur tarékah ti saban pihak enggoning
miara jeung mekarkeun basa Sunda saenyana kudu napak dina Perda Jawa Barat No.
5/2003, anu eusina ngatur bagbagan miara basa daérah di Jawa Barat (kaasup basa
Sunda anu panyaturna panglobana). Anu dimaksud basa di dieu kaasup sastra
reujeung aksarana (aksara Sunda ragam Kawali).
Ngan sok aya anggapan, ku lahirna éta
perda téh jadi ngarasa geus anggeus gawé. Padahal sakuduna karék ngamimitian
gawé. Dina harti, gawé tahap kadua. Perda anu diajén geus alus, angger moal aya
hartina mun teu diterapkeun sakumaha mistina. Cindekna, kudu aya lajuning
lakuna.
Anu dimaksud lajuning laku di dieu bisa
mangrupa kawijakan ti instansi anu aya pakaitna, boh level provinsi boh level
kabupatén/kota. Kawijakan anu dijinekkeun téh ngawengku sajumlahing aturan
katut dina lebah nangtukeun anggaran. Tangtu waé éta anggaran téh kudu tepat
sasaran. Di sawatara kabupatén/kota aya anu geus ngaluarkeun perda anu eusina
nyoko ka dinya. Pasti moal saules, lantaran diluyukeun kana kondisi jeung
kabutuh daérah séwang-séwangan, dumasar kana prinsip otonomi daérah.
Dina seuhseuhanana, anu kudu ngadeudeul
ajegna Perda Jawa Barat No. 5/2003 téh utamana mah nya masarakat. Sacara umum,
kumaha carana sangkan masarakat Sunda ulah ninggalkeun basa Sunda. Perda moal
aya hartina, mun basa Sunda geus teu dipaké ku masarakat, sanajan pamaréntah
ajol-ajolan hayang ngalaksanakeun.
Dina tataran anu leuwih spésifik,
ngadeudeul éta perda téh jadi kawajiban para ahli basa Sunda katut anu
profésina patali jeung basa Sunda (di antarana guru, ulama, wartawan, programer
TV/radio, juru panerang, kréator seni, jeung kaasup politisi).
Majuna basa teu bisa cecelengcengan
sosoranganan, tapi kudu dibarengan ku majuna sektor-sektor kahirupan lianna,
anu dina pajamanan kiwari sok diidéntikkeun jeung ékonomi, ipték, katut
widang-widang budaya séjénna dina harti jembar. Insya Allah, basa Sunda bakal
maju jeung mekar tur mampuh ngigelan sarta ngigelkeun jaman, lamun urang Sunda
weweg dina widang-widang anu bieu ditataan. Basa Sunda bakal naék pamor lamun
pamor urang Sundana naék, anu salah sahiji di antarana bakal ditangtukeun geus
semet mana peran urang Sunda dina kahirupan nasional Indonésia.***
0 Response to "KAHIRUPAN BASA SUNDA KIWARI ku: Tatang Sumarsono"
Posting Komentar