Kabid Kebudayaan Ngahadiran Peuting Panineungan Mapag Lalakon Kahirupan Anyar Pasca Pandemik Covid -19
PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,
Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata Dan Budaya Kabupatén Purwakarta, poé Saptu, 20/6/2020 parantos ngayakeun kagiatan Peuting Panineungan Mapag Lalakon Kahirupan Anyar Pasca Pandemik Covid -19 di Studio Barlita film & entertainment Purwakarta.
Kagiatan éta téh dina raraga mapag lalakon kahirupan anyar (new normal) pikeun warga Purwakarta.
Kajaba ti éta, ayana pintonan seni ti Barlita nu geus ahéng dina youtube dina nyaritakeun conten na basa Sunda. Kitu ditetelakeun ku Kabid Kebudayaan Didin Ibrahim Mulyana ka média di lokasi acara.
"Nya etang-etang ngahibur warga tina pandemi covid-19," pokna Didin.
Dindin nambahkeun, "Sim kuring ngajabat di Poraparbud ti sasih Pébruari 2020 kabujeng lockdown, nu sakedahna mguriling ka para pelaku seni. Nya nembe tiasa ayeuna nyaksenan para pelaku seni sapeeti halna Studio Barlita film.***
#Disporaparbud
#Barlita
#PurwakartaIstimewa
0 Response to "Kabid Kebudayaan Ngahadiran Peuting Panineungan Mapag Lalakon Kahirupan Anyar Pasca Pandemik Covid -19 "
Posting Komentar