Anggota HIPAKAD, Ngahadiran Komsos di Makodim 0619 Purwakarta
PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,
Uar pangajak ti Kodim 0619 Purwakarta ngeunaan kegiatan Penyelenggaraan Komunikasi Sosial dan Pembinaan Keluarga Besar TNI Kodim 0619 Purwakarta, 24/6/2020 di makodim 0619.
Himpunan Putra Putri Keluarga Angkatan Darat (Hipakad) Dewan Pimpinan Cabang (DPC) Kabupatén Purwakarta, milu aub dina éta kagiatan. Malah mandar anggotana ogé dikridkeun nyuluran acara nu saperti kitu. Kitu ceuk Ketua Hipakad Kabupatén Purwakarta, Cepi Suharyana, S.Pd ka Warta Sunda Onliné, nalika rengse kagiat-an Penyelenggaraan Komunikasi Sosial dan Pembinaan Keluarga Besar TNI Kodim 0619 Purwakarta, poé Rébo, 24/6/2020 di makodim 0619.
Pihakna ogé, pikeun nyuluran kagiatan, teu petot-petot ka anggotana sangkan hadir dina kagiatan nu lainna. Saperti ayeuna komsos jeung pembinaan.
"Pa Dandim nu diwakilan Pasiter, Kapten Arm Wahyu umajakna leuwih ningkatkeun protokoler kesehatan ti mimiti maké masker, cuci tangan tur ngalaksanakeun fisikal ogé sosial distancing, dina raraga mutus rantai penyebaran covid-19 hususna di Purwakarta," pokna Capi.
Nu hadir dina acara éta ti unsur KBT Forum Komunikasi Putra-Putri Purnawirawan ABRI (TNI-Polri), Hipakad (AD) sareng Pemuda Panca Marga.***
0 Response to "Anggota HIPAKAD, Ngahadiran Komsos di Makodim 0619 Purwakarta"
Posting Komentar