WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Tilu Golongan Jalma nu Meunang Rahmat jeung Magfirah Allah - Ku : Abah Dedi


 

Poé ieu, syukur, alhamdulillah, urang ditepungkeun deui sareng Idulfitri. Hiji poé nu pinuh ku barokah. Poé panutup perjuangan muslimin-muslimat dina raraga ngudag prêdikat mutakin.

Mun ngudag kana hakékatna, teu sakabéh jalma meunang kabagjaan dina poê lebaran Idulfitri lantaran teu walatra meunang rahmat jeung magfirah Allah. Tah, jalma nu bagja dina poé lebaran Idulfitri téh, nyaéta nu meunang rahmat jeung magfirah-Na.

Aya tilu golongan, jalma nu meunang rahmat jeung magfirah Allah dina poé lebaran Idulfitri, nyaéta:

1. Jalma nu ménta pangampura jeung ngahampura papada jalma. Naha kudu ménta pangampura? Pan urang salaku manusa teu leupas tina kakurangan jeung kasalahan. Ulah ngarasa diri teu boga dosa ka papada. Yakin, manusa mah pasti. Ogé urang wajib ngahampura papada jalma. Pan urang apal, Allah Maha Pangampura. Atuh mun kitu mah, urang kudu pisan ngahampura kasalahan papada jalma.

Dosa ka papada jalma teu bisa ditebus ku tobat atawa istigfar ka Allah. Allah moal ngahampura jalma nu masih kénéh boga dosa ka papada jalma.

2. Jalma nu mikanyaah indung-bapana. Mikanyaah jeung mikacinta indung-bapa wajib saparantos mikanyaah jeung mikacinta Allah jeung rasul-Na. Rido Allah aya dina rido kolot urang, bebendon Allah aya dina bebendonna. Salila can meunang rido jeung pangampura kolot urang, urang moal matak meunang rido jeung pangampura Allah.

3. Jalma nu rutin nyieun poé ayeuna leuwih hadé tibatan poé kamari. Naha? Pan jalma nu kitu mah cirining éra, ajrih, jeung sieun ku Allah nepi ka unggal waktu ngoméan kalakuan hirupna. Diimeutan kakurangan diri, terus dioméan nepi ka unggal waktu kiwari leuwih hadé ti bihari. Allah mikaresep jeung mikanyaah jalma nu kitu.

 

Cag, ah! Yu, urang tengetan, naha diri urang kaasup nu meunang rahmat jeung magfirah Allah dina poé lebaran Idulfitri atawa meunang bebendon-Na?

 

#hikmahidulfitri_240520


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tilu Golongan Jalma nu Meunang Rahmat jeung Magfirah Allah - Ku : Abah Dedi"

Posting Komentar