PANINEUNGAN SMS LEBARAN - Ku : Dadan S
S |
améméh usum 'smartphone', dina
poé Lebaran téh teu weléh balawiri ku SMS. Unggal jalma ngaracik rupa-rupa
kecap, kirimkeuneun ka kadangwarga. Malah kungsi apan dina hiji taun mah,
operator sélulér nepi ka macet, SMS nu dikirim peuting kakara nepi poé isukna.
Nya wayahna unggal lebaran kudu tatahar pulsa, keur ngirim jeung malesan. Malah
beunang dikacirikeun, nu ngirit mah SMS-na gé tara leuwih ti 160 karakter,
sanajan aya ogé nu panjang ngagebay.
Ngirim paneda hampura maké SMS, ayeuna mah kari waasna. Bisa
jadi aya kénéh nu ngaleukeunan, tapi jumlahna teu réa. Umumna mah geus parindah
kana aplikasi wangkongan nu leuwih canggih, pangpangna saprak usum médsos.
Ieu di handap sawatara SMS nu kungsi katarima antara
taun 2005—2007 (nu maké basa Sunda). Patali jeung privasi, ngahaja teu
disebutkeun saha nu ngirimna. Ngan, réa di antarana nu ayeuna jadi balad FB.
Bisa jadi aya nu ngarasa yén ieu téh kekecapan beunangna. Nyanggakeun baé
itung-itung ngundeur panineungan.
***
1.
Ti langit
nu pangtebihna, dugi ka balébat panganggangna, nguyang muara hampura. Mugia
langgeng dina wening ati. Wilujeng Boboran Siam.
2.
Upami
cahaya tos hibar, gumiwang fajar sinangling dina sabar. Sasasih ngadalian nafsu
akbar, tos dugi ka wanci rajaning bagja. Hapunten samudayaning kalepatan.
3.
Neda
sihapunten samudaya kalepatan. Mugia salawasna aya dina ginanjar kawilujengan.
4.
Nu
waas moal laas, geter haté tetep ramé, najan henteu patepung lawung paamprok
jonghok. Dina boboran siam ayeuna, urang lalayaran dina lautan hampura. Minal
Aidin Walpaidzin, hapunten lahir tumekaning batin. OK
5.
Binarung
rasa nu lénglang, neda agung cukup lumur jembar pangapunten tina samudayaning
kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan.
Wilujeng boboran siam. Ok
6.
Nyucikeun
panyakit ati, ngihlaskeun manah tugenah. Wilujeng lebaran. Hapunten binarung
ihlas, ngalubarkeun ku ihlasna.
7.
Sanés
pédah ninggang di usum, mung takbir najan sumpingna leuir, haben ngélingan. Ti
suku Gunung Papandayan, seja neda tawakuf tina samudaya kalepatan.
8.
Tina
weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur
saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngajaheutkeun
manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin. Mugi luntur kalbu jembar
pangampura. Wilujeng boboran siam. Taqobalallohu mina waminkum siamana
wasiamakum minal ‘aidin walfaizin.
9.
Bilih
aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi
ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih
lubarkeun silih hapunten lahir batin. Hayu urang mapag 1 Syawal ku kabungahan
tur kaikhlasan.
10.
Taqobalallohu
mina waminkum. Wilujeng boboran siam. Mugia dipaparin sagala rupi kasaéan ka
payunna. Hapunten sagala rupi kalepatan tur kaalpaan. Salam ka sadayana.
11.
Wilujeng
Boboran. Hapunten samudaya kalepatan lahir batin dunya ahérat. Mugi-mugi urang
sadayana ginanjar rahmat maghfiroh Alloh SWT.
12.
Pamundut
nu kapihatur, ligar manah ku kaihlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten
samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah, neda
sihapuntenna. Wilujeng boboran siam.
13.
Taqabbalallahu
minna wa minkum. Neda sihapunten lahir tumekaning batin. Mugia lubar sadaya
kalepatan sareng kaluluputan.
14.
Puasa
geus cacap kana pananggalan. Tangtos tamada, neda asih haksami. Urang
balungbang dina poé Lebaran.
15.
Wilujeng
boboran siam. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah romdon nuyun lakuning lampah
urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
16.
Taya
basa nu bisa diréka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna
ucapan "wilujeng boboran shiam" neda dihapunten lahir tumekaning
batin.
17.
Idul
Fitri hartosna émut kana purwadaksi. Wilujeng Idul Fitri... Hapunten lahir
batin.
18.
Hapunten
samudaya kalepatan, mugia jembar pangapunten tina sanés kanten kalepatan.
Wilujeng Boboran Siam.
19.
Wilujeng
boboran siam, minal aidin walfaidzin. Nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan.
Pamugi dosa-dosa urang sadaya dihapunten ku Gusti Allah. Amin.
20.
Pun
sapun. Mugi agung cukup lumur. Muga jembar hampurana. Ulah nampik méméh mikir.
Narima manéh dimanah. Mangka sing leuleus jeujeurna. Mangka sing landung
aisanana. Pan manusa Tara sampurna. Pan manusa aya cedana. Anu hadé. Anu
goréng. Kabéh kaulakeun. Kabéh! Da kabéh kaula Gusti! Ahung ka Sang Rarawana.
Ahung ka Sang Rarawani. Rarawana pangyuga beurang. Rarawani huriping peuting.
Kula seja ménta pangampun dosa. Sangkan engké meunang bagja. Ahung! Ahung!
Wilujeng boboran siam.
21.
Bilih
kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk
catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran.
22.
Ngeunteung
na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh
bulan pangharepan geus lekasan, poe fitri némbongan. Neda sihapunten.
23.
Neda
sih hapunten sanis karaning nafsu jeung amarah nu kantos ruhay ngaléntab. Mugi
kasucian Idul Fitri nyétrakeun kasadaran janten asih jeung héman ka papada
urang. Amin.
24.
Mipit
amit, seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na
satungkebing rasa. Ngala ménta galura pangampura tina sagala lalampahan tur
rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum.
25.
Sami-sami
tina hilap sareng lepat, alpa nu janten dosa, nu ageung nu alit, nu karaos nu
teu karaos neda mugi agung cukup lumur jembar sihapuntena. Taqobalallohu mina
waminkum siamana wasiamakum.
26.
Sim
kuring sarimbit ngahaturkeun wilujeng boboran siam, neda hapunten samudaya
kalepatan.
27.
Bari
tafakur neuteup léngkah batur, horéng katetegan na batin urang sorangan.
Wilujeng boboran siam. Lawung pangampura teu weléh muka ti Gusti, Amiin.
28.
Tina
ati anu wening, neda sihapunten sadaya kalepatan sinareng kaluluputan. Wilujeng
Boboran Siam. Minal Aidin wal faidzin.
29.
Sora
bedug meupeus layung, nyingraykeun lalangsé langit, ngucurkeun cai suci nu
nyarakclak minuhan umat. Taqobalallohu mina waminkum. Neda sihapunten
samudayaning kalepatan.
30.
Medal
tina sugrining kaweningan galih, diwuwuh karumaosan ucap lampah teu merenah,
aya pamundut nu saéstu, salira wening galih jembar manah, kersa ngahapunten.
31.
Lembur
keur poék. PLN rék naékeun listrik, balukarna urang lembur ngarukut ucing jeung
ngaborong jidar. Rajegna di pasawahan. Dicacar mangsana panén. Wilujeng Boboran
Siam.
32.
Cai
soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap
lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan. Minal aidin wal faidzin.
33.
Minal
aidin wal faidzin. Wilujeng boboran siam, mugia dina dinten anu suci ieu, urang
dipasihan rahmat sareng hidayah ku Alloh SWT. Hapunten samudaya kalepatan.
34.
Sanaos
teu pataréma reuma, tatali batin mah tetep nganteng, insya Alloh silih
lubarkeun kalepatan.
35.
Hiliwir
angin takbir sabada saum ahir, neda sihapunten tina sadaya kalepatan. Urang
sétrakeun karungsing ku cihampura nu wening.
36.
Palias
paturay duriat di tengah jalan satungtung ramo pataréma niir sungkeman.
Hapunten ti simkuring sakulawargi.
37.
Lamun
langit angkeub kaleleban méga hideung nu teu disangka baris kasorang, seungitna
katresna urang kalimpudan katugenah na ati, ukur rasa guligah nu kiwari
marengan, kaseret diri tina harti. Mugia bangbaluh anu sok biasa munjungan,
mugia kalangkang nu sok marengan, nampi malati nu seret ku harti, nyinglarkeun
angkeubna lalangit haté.
38.
Sahéngna
amarah, ngentab népa raga nyangkalak jiwa. Geus tiis ayeuna mah, mangsa mapag
Idul Firi dina tungtung Ramadan, anu geuningan ngan sakiceup ninggalkeun, anu
boa bakal kasorang deui. Andum pangéstu neda jembar pangampura. Taqobalallohu mina
waminkum.
39.
Sajatining
manusa kumelendang di alam dunya, éstu taya nu baqo, taya nu sampurna.
Nyérélékna waktu nu kalaku, lampah lampah nu kasorang tangtu aya tatu jeung
cawadna. Ku kituna dina wangkit ieu simkuring seja nyungkeun kaweningan galih
mugi kersa ngahapunten samudaya kalepatan sareng kakhilapan... lahir tumekaning
batin.
40.
Hapunten
lahir tur batin tina sadaya codéka, urang weningkeun sing fitri, lubarkeun dina
lebaran, digeberan angin takbir.
41.
Sanajan
ramo teu pataréma, sanajan urang paanggang, tapi haté teu aya hahalang. Ti
salebeting manah anu wening, simkuring neda widi ngahapunten sagala kalepatan,
hapuskeun sagala dosa diri.
42.
Wilujeng
boboran shiam. Hapunten lahir sinareng batin bilih aya tutur saur nu teu kaukur
ogé tekah paripolah nu matak teu raos kana manah.
43.
Sok
sanaos teu kantos pataréma panangan, kedal lisan tinangtos tiasa ngawakilan
maksad urang silih lubarkeun pangampura, hapunten samudaya kalepatan lahir
tumekaning batin, wilujeng boboran siam.
44.
Batin
nu usik nyaliksik ngawincik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara
basa, kadudut pupuhu qolbu, mugia rido galih jembar pangampura tina
samudayaning kalepatan. Minal aidin wal faidzin. Taqobalallohu mina waminkum
syiamana wasyiamakum.
45.
Tina
ati, tur sayakti, neda hibar pangampura. Mugia lubar sarwaning nu kantos matak
tugenah.
46.
Manéh
taya bédana di Bandung jeung di lembur nyieun dosa téh. Cing atuh sing
euih-euih. Leungit konci motor peuting mah. Diumumkeun dina spéker masjid.
Isuk-isuk geus aya anu nganteurkeun. Dibéré udud kéképéhan. Di pilemburan mah
anéh ningali nu teu jujur atawa kudu sagala diburuhan téh. Hampura euy. Yap
ulin ka dieu.
47.
Hapunten
samudaya kalepatan lahir batin, dunya ahérat. Muga kaweningan ati nyarengan
kaihlasan antawis urang. Taqobalallohu mina waminkum
48.
Carita
nu matak rengat kana manah, lisan nu teu merenah matak nalipak rasa, saur nu
niruk kalbu, laku nu teu luyu, mugia tong dianggo katugenah. Neda sihapunten
lahir tumakaning batin. Minal aidzin wal faidzin.
49.
Hapunten
samudaya kalepatan ti simkuring sareng kulawargi, nya.
50.
Sapertos
weningna ibun subuh, ieu haté teu kawawa kajujurung laku geusan ngedalkeun
panuhun, mugi kersa ngahapunten lahir tumekaning batin. Amin.
51.
Hapunten
abdi nya, mugia pangapunten urang jadi lawang pamuka surga, jadi balébat nu
nyaangan jalan sorangeun, jadi fitri diri nu suci lir pohaci. Amiiin.
52.
Binarung
haté nu wening, neda hapunten dina samudaya kalepatan.
53.
Teu
aya nu matak langkung bagja, lintang ti pangersa salira kersa ngahapunten lahir
tumekaning batin. Wilujeng boboran siam.
54.
Gagang
pacul potong, bedog rarompang, kampak dekol parunglak, kenténg imah balocor,
panto rarujad, waluya jadi eusi cubluk, leuweung darugul, sagara lautan kiruh.
Duh Gusti Nu Agung, hampura dosa manusa, boh lahirna, boh batinna, amiin. Minal
aidin wal faidzin.
55.
Wening
galih nu dipamrih tina lampah nirca katut ucap cidra salami ieu. Mugia luntur
qolbu mukakeun gapura pangampura kanggo simkuring sakulawargi.
56.
Tina
ati nu wening tur iklas, simkuring neda hapuntenna, rumaos diri sakapeung sok
kaancikan ieu aing uyah kidul. Dina dintenan nu fitri ieu, urang silih
lubarkeun kalepatan. Wilujeng boboran siam.
57.
Ninggang
kana paribasa, téng manuk téng anak merak kukuncungan. Hampura uing, Lur! ***
0 Response to "PANINEUNGAN SMS LEBARAN - Ku : Dadan S"
Posting Komentar