Lebaran Onlén
T |
os diwartoskeun ka bapa mertua, réhna lebaran ayeuna
moal mudik. Ari ngawalerna mah teu nanaon. Ngan aya kana tujuh balénan
teras-terasan nelepon, bari ngasongkeun patarosan nu sami, "Ujang téh
balik moal?"
Emh, hilap
meureun. Abong tos sepuh.
Pas kamari dina
dintenan lebaran, Alhamdulillah netepan Ied mah aya. Ngan dibagi sababaraha
tempat. Kuring mah milih di masjid. Hotibna ku Ustad Wahyu, guru ngaos andelan.
Nu netepan aya lima puluh urangna. Jarak diatur. Sabot netepan, tingalingsreuk,
sedih. Masker juuh ku umbel. Wios lah, namina ogé nalangsa. Ras ka sepuh, sono
kana suasana lebaran normal.
Bérés netepan,
teu sasalam. Mung silih kodeuan, ku salim ti katebihan, nyuhunkeun
dilubarkeun samudaya kalepatan.
Di rorompok
sungkem ka bapana budak, barudak sungkem ka indung-bapana. Hing waé sawaregna.
Pun lanceuk katawis can tiasa mup on tina kasono ka sepuhna. Da keukeuh maksa
ngajak mudik. Kajeun saelol, nu penting pependak. Ku barudak diseukseukan, ulah
lebay, kedah taat aturan. Ahirna mah jep wéh.
Nelepon ka
urang lembur. Bapa, Mamah sareng Mimih, sami berjamaah nangis. Sigana palih
dieu mah sadaya balad PS ogé sami.
Tabuh 09.00
sapuk, sakulawargi mertua ngobrol tina aplikasi zoom. Nu nanggeuy opor, baso,
rujak cuka, riweuh silih bibita. Mertua duanana katawis séhat, disarengan
ku pun adi nu calikna di Tasik. Reugreug ari tos jonghok mah. Sanaos daring
ogé.
Mimih mah,
muhun pun biang. Dizoom téh nuju di rohangan perawatan. Kaleresan pun alo nuju
kabancén, dua dinten di RSUD Ciamis, alatan demam berdarah. Tétéh mah lebaran
di rumah sakit. Untung sarohangan ku nyalira, janten sanaos rada ngarempak
aturan, teu ngaganggu pasén sanés. Muhun, apan teu kénging ngalongok langkung
ti duaan. Ari ieu aya genepanana. Diomat-omatan, pun biang kedah langsung
uih deui. Ulah lami teuing ngalongok incuna.
Mugia situasi
tiasa normal deui, lebaran payun aya yuswa sareng séhat.
Ka sadaya balad
PS, wilujeng boboran siam. Neda tawakupna tina samudaya kalepatan, nu dihaja
atanapi henteu. ***
#net_carita Lely
0 Response to "Lebaran Onlén "
Posting Komentar