WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Islam teu Ngabeuratkeun


Islam teu Ngabeuratkeun

S

aéstuna, Islam mah teu ngabeuratkeun ka nu ngagemna. Sanajan tugas jalma ngan saukur ibadah tapi tetep Allah teu ngabeuratkeun. Da Allah mah nitah urang ibadah téh luyu jeung kamampuhan tur kaimanan urang.

Malah dina prak-prakanana, Islam loba méré karinganan jeung kaénténgan dina ibadah. Hartina, ibadah/amalanana énténg tapi pahalana sakitu rongkahna.

 

Naon waé ibadah/amalan nu kitu téh? Di antara:

 

1. Maca surah Al-Ikhlas bakal meunang istana di sawarga, sakumaha kaunggel dina hadis, Sing saha jalma nu maca qulhuwallahu ahad nepi ka tamat (Alihlas) sapuluh kali mangka éta jalma dipangwangunkeun istana di sawarga.” (H.R. Ahmad).

 

2. Maca tasbih bakal nambahan timbangan hisab, sakumaha kaunggel dina hadis, Dua kalimah nu énténg diucapkeun tapi beurat dina timbangan nyaéta "subhanallah wabihamdihi, subhanallahal aziim." (H.R. Muslim).

 

3. Maca istigfar matak dijembarkeun haté, sakumaha nu kaunggel dina hadis, Sing saha jalma nu loba maca istigfar mangka Allah bakal méré kabagjaan tina unggal kasedihna, méré kajembaran tina unggal karupekna, jeung méré rejeki ti nu teu sangka-sangka.” (H.R. Abu Daud, Ibnu Majjah, jeung Ahmad).

 

4. Maca salawat matak meunang rahmat Allah, sakumaha nu kaunggel dina hadis, Sing saha umat kami nu maca salawat ka kami sakali mangka Allah bakal méré rahmat-Na sapuluh kali.” (H.R. Muslim).

 

5. Maca lahaula matak jadi cêngcélêngan pahala di sawarga, sakumaha kaunggel dina hadis, Wahai Abdullah bin Qais,  ucapkeun ku anjeun kalimah "lahaula wala quwwata illa billahil aliyyilaziim" lantaran bakal jadi céngcéléngan pahala pikeun anjeun di sawarga.” (H.R. Bukhari).

 

Mun ditengetan, éta pagawéan/ucapan téh énténg kacida. Dina témpo memenitan, urang bisa ngucapkeun puluhan malah ratusan kali. Hartina, dina témpo anu heureut, urang bisa ngaborong pahala nu rongkah jeung rohaka. Asa piraku mun urang teu kabita jeung teu bisa migawéna.***

 

#abahdedi_210520


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Islam teu Ngabeuratkeun"

Posting Komentar