DIPATI UKUR - Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)
DIPATI UKUR
Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)
S |
ajaba ti Siliwangi, anu mindeng disebut-sebut ku urang Sunda nyaéta Dipati Ukur. Ditarulis jadi carita dina rupa-rupa wangun jeung vérsi. Upamana waé aya anu jadi novel sakumaha nu dipigawé ku Sufyan Iskandar. Ari ku Wahyu Wibisana mah dianggit jadi naskah gending karesmén. Geus karuhan ari anu ditulisna dina wangun anu leuwih pondok mah, kayaning carpon, sajak, carita alit, atawa dangding.
Dina naskah
heubeul, lalakon Dipati Ukur geus mimiti ditulis ti abad ka-17 kénéh, ilaharna
winangun babad. Saterusna aya deui anu ditulis winangun wawacan. Lalakon Dipati
Ukur dina naskah heubeul jadi bahan ulikan Edi S. Ekadjati waktu nulis
disertasi pikeun ngahontal gelar doktor di UI, taun 1979. Edi nyebutkeun,
kabéhna aya 23 naskah, ditulisna dina mangsa jeung di tempat anu
béda-béda.
Tina jumlah
sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dalapan versi, nyaéta versi Galuh,
Sukapura, Sumedang, Bandung, Talaga, Banten, Mataram, jeung Batavia. Ditulisna
dina basa Sunda, Jawa, jeung Walanda. Aya anu ngagunakeun aksara Jawa, Jawa-Sunda,
Pégon (Arab gundul), jeung Latén. Ka dieunakeun, di antarana aya anu terbit
jadi buku, ngagunakeun téknologi percitakan.
Dipati Ukur
mémang tokoh sajarah anu aya dikieuna, anu ceuk dina catetan sajarah, ahir
jumenengna téh kurang leuwih taun 1630 Maséhi. Jadi lain tokoh mitos atawa
légenda kawas Sangkuriang, upamana. Ajip Rosidi, dina bukuna Manusia Sunda
(citakan katilu, 2009) nempatkeun Dipati Ukur dina kelompok tokoh sajarah
pikeun ngalengkepan tangtungan urang Sunda, di sagigireun Ki Tapa, Pangéran
Kornél, Haji Hasan Mustapa, jeung Déwi Sartika.
Ku réana éta
vérsi, antukna saha-sahana ari Dipati Ukur dina saban naskah téh teu persis
sarua. Upamana waé dina lebah nyaritakeun saha ari karuhunna. Aya naskah anu
nyebutkeun asli turunan Sunda, tapi ceuk dina naskah séjén mah urang Banyumas,
malah katétésan getih Arab. Kitu deui makamna aya di sawatara tempat.
Umumna naskah
dina naskah anu ditulis téh disebutkeun yén Dipati Ukur dihukum pati ku
Sultan Mataram. Tapi ceuk versi séjén mah lain kitu. Malah ceuk dina naskah
séjénna deui mah, Dipati Ukur kungsi munggah haji ka Tanah Suci, terus
samulangna deui ka lemah cai gedé jasana dina nyebarkeun agama Islam.
Lahirna
rupa-rupa vérsi téh di antarana waé patali jeung kapentingan saha anu nulisna.
Carita Dipati Ukur versi Bandung béda eusina jueung versi Mataram, upamana,
mana komo jeung versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda mah.
Lamun ditilik
tina lokasi katut peristiwana, anu paling deukeut pakaitna téh nya versi
Bandung, sabab apan Dipati Ukur téh tokoh sajarah anu posisina jadi pamingpin
Tatar Ukur, anu ayeuna katelahna Bandung. Terus deuih dina naskah versi
Mataram, sabab dina mangsa harita, Tatar Ukur aya dina kakawasaan Mataram,
sanggeusna Sultan Agung ngayakeun ékspansi pikeun ngajajah wewengkon Sunda.
Kitu deui versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda ogé dianggap deukeut
patalina, sabab Dipati Ukur kungsi nyerang bénténg VOC di Batavia, pikeun
ngemban timbalan Sultan Mataram.
Dina
Ensiklopedi Sunda (Pustaka Jaya, 2000), dumasar kana sumber tradisi,
ditétélakeun yén Dipati Ukur téh nyekel kalungguhan jadi bupati di Tatar Ukur,
dina mangsa Priangan dijajah ku Mataram (awal abad ka-17). Ngaran aslina cenah
Pangéran Cahyana, turunan Sunan Jambu Karang anu nyekel kakawasaan di wewengkon
Banyumas, anu geus leuwih ti heula aya dina kakawasaan Mataram. Lian ti éta,
dina naskah versi Bandung disebutkeun yén ngaran aslina téh Pangéran Sacanata
Cahyana Wétan. Tapi ceuk dina versi séjén ngaran aslina téh Wangsanata.
Rék saha waé
ngaran aslina, jeung turunan ti mana, anu sidik dina sakabéh naskah aya
sasaruaan yén sesebutan Dipati Ukur téh tujulna ka hiji tokoh, nyaéta anu
ngawasa Tatar Ukur téa.
Ceuk dina salah
sahiji versi, Sultan Agung nempatkeun Pangéran Cahyana pikeun ngemban pancén di
Tatar Ukur anu karék ragrag kana kakawasaan Mataram (taun 1620). Bet
diparengkeun ngajodo ka Nyai Gedéng Ukur, anakna Dipati Agung anu harita keur
jadi bupati. Ieu bupati téh turunan raja Sunda (anu ilaharna sok disebut
Pajajaran) dina mangsa pamungkas.
Dipati Agung tilar
dunya. Anu diangkat jadi gagantina ku Sultan Agung nya minantuna, alias
Pangéran Cahyana téa. Nya ti harita jadi boga sesebutan Dipati Ukur téh, anu
sababiyahna mah diwaris jabatan ku mitoha.
Tina bupati,
dina taun 1625, Dipati Ukur terus naék pangkat jadi kapala sakabéh bupati anu
aya di Priangan (istilahna bupati wadana). Mun ayeuna mah tugasna téh jigana
jadi koordinator wilayah. Tadina anu mingpin sakabéh bupati di Priangan téh
Rangga Gempol, ti Sumedang. Saha-sahana anu ditunjuk jadi bupati wadana mah éta
téh kumaha ceuk putusan Sultan Mataram.
Pikeun ékspansi
kakawasaan Mataram, Sultan Agung ngincer Banten, tapi kahalangan ku Walanda
(VOC atawa sok disebut kumpeni) anu nyieun bénténg di Batavia (ayeuna Jakarta).
Sultan Agung nibankeun pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug kumpeni. Dina
babadamian awal, pasukan Dipati Ukur bakal digabungkeun jeung pasukan Mataram
anu dipingpin ku Tumenggung Bahurékso, panggihna di Karawang.
Lebah
nyaritakeun jumlah pasukan anu dibawa ku Dipati Ukur gé teu sarua. Aya naskah
anu nyebutkeun mawa sapuluh rébu, tapi ceuk dina naskah séjén mah ukur opat
rébu. Éta pasukan inditna ti Tatar Ukur ngaliwatan Cikao (ayeuna aya di
wewengkon Kabupatén Purwakarta). Terus ngalér, tepi ka anjog ka wewengkon
Karawang.
Pasukan Dipati
Ukur ngadagoan datangna pasukan anu dipingpin Bahurékso di tempat anu geus
dipasinikeun. Teu jol waé, bari teu puguh naon anu jadi alesanana. Antukna
Dipati Ukur nyieun inisiatif nyerang bénténg kumpeni, bari teu dibarengan ku
pasukan Mataram.
Pasukan Dipati
Ukur teu mampuh ngancurkeun tentara kumpeni, tepi ka ahirna bubar katawuran,
laju buru-buru ninggalkeun médan perang. Dina waktu pasukan Dipati Ukur geus
mundur, pasukan Bahurékso kakara datang. Der deui nyerang ka bénténg VOC. Éléh
deui waé pasukan Bahurékso gé, tepi ka ahirna sarua ditarik mundur. Cindekna,
ngarurug bénténg kumpeni di Batavia téh gagal.
Ngeunaan
serangan ka bénténg VOC, dina catetan anu dijieun ku urang Walanda mah
disebutkeun yén saenyana pasukan Dipati Ukur jeung pasukan Bahurékso téh
babarengan. Mana nu bener? Wallohu alam.
Ngeunaan
miangna pasukan Dipati Ukur ka Batavia, aya deui naskah anu eusina béda, nyaéta
anu ditulis dina basa Walanda. Di dinya disebutkeun yén dina waktuna rék
ngarurug Batavia, Sultan Agung ngiangkeun utusan ka Tatar Ukur, maksudna mah
pikeun nepikeun paréntah ka Dipati Ukur. Dina waktuna pasukan ti Ukur indit ka
Batavia, para utusan Mataram henteu marilu, tapi kalah caricing di Ukur.
Tétéla éta
utusan Mataram téh milampah gawé teu uni, di antarana ngagadabah awéwé anu keur
ditaringgalkeun ku salakina ka pangperangan. Nya aya anu ngabéjakeun ka Dipati
Ukur anu harita keur aya di satengahing perjalanan. Lantaran ambék duméh asa
ditincak hulu, Dipati Ukur teu jadi miang ka Batavia, tapi terus baralik deui.
Ari éta utusan Mataram anu ngacowkeun ahirna kabéhanana dipaténi.
Béja ngeunaan
dipaéhanana utusan Mataram di Tatar Ukur, jeung teu tulusna Dipati Ukur mawa
pasukan ka Batavia, ngalantarankeun Sultan Agung ambek liwat saking. Nya terus
waé ngirimkeun rébuan pasukan pikeun ngarurug Dipati Ukur.
Kitu ceuk dina
vérsi Walanda mah.
Sok sanajan
carita dina saban versi aya waé béda-bédana, tapi saenyana aya alur poko anu
sarua. Kahiji, dina alam harita (taun 1620-an), Tatar Ukur aya dina kakawasaan
Sultan Mataram. Kadua, Sultan Mataram méré pancén ka Dipati Ukur pikeun
ngarurug bénténg VOC di Batavia. Katilu, serangan ka bénténg Batavia téh gagal;
dina harti Mataram jadi pihak anu éléh. Kaopat, Dipati Ukur boga karep
ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram. Kalima, pikeun ngalaksanakeun
maksudna, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung Lumbung. Kagenep,
pasukan Mataram diiangkeun ka Gunung Lumbung pikeun ngarurug Dipati Ukur anu
dianggap geus baha ka Sultan Agung.
Alur anu bieu
ditétélaleun mah dina sakabéh naskah ogé kaunggel. Béda-bédana téh dina lebah
lumangsungna peperangan. Ceuk dina hiji naskah, pasukan Mataram bisa nembus
pertahanan bénténg Gunung Lumbung, tepi ka ahirna Dipati Ukur bisa kacerek. Ari
ceuk umumna naskah séjén, pasukan Mataram boboléh lantaran teu mampuh
ngelehkeun pasukan Dipati Ukur.
Dina kaayaan
pasukan Dipati Ukur teu bisa diéléhkeun, Sultan Agung ngayakeun saémbara yén
sing saha waé anu bisa nyerek Dipati Ukur, rék hirup rék paéh, bakal dibéré
ganjaran ku mangrupa kalungguhan. Tétéla aya sawatara gegedén di Pasundan anu
sadia mantuan Sultan Agung. Nya ahirna mah Dipati Ukur bisa kacerek ku urang
Sunda kénéh.
Lobana naskah anu midangkeun lalakon Dipati Ukur
nuduhkeun yén éta tokoh téh mémang kawentar dina jamanna. Dina awal tulisan
geus ditétélakeun, kabéhna aya 23 naskah, anu bisa dibagi deui jadi dalapan
versi. Ditulisna dina rupa-rupa basa reujeung aksarana.
Dina
disertasina, Edi S. Ekadjati nyebutkeun éta naskah anu 23 téh ditulisna dina
mangsa anu béda-béda, waktu Tatar Sunda masih kénéh dijajah, boh dijajah ku
Jawa boh ku Walanda. Anu disusun dina abad ka-17 aya sanaskah, abad ka-18 aya
lima naskah, abad ka-19 aya 12 naskah, jeung abad ka-20 aya opat naskah,
ditambah ku sanaskah anu disusunna jaman Indonésia merdéka (taun 1957).
Diterangkeun ku
Edi Ekadjati yén anu 23 naskah téh kabéh gé hasil salinan. Malah aya anu
salinan anu kasakitu kalina. Cindekna aya naskah babonna (sumber aslina), ngan
tacan kapanggih. Lian ti éta, anu dijieun sumber pikeun nyusun naskah téh
nyaéta carita lisan anu hirup turun-tumurun.
Lalakon inti
anu karandapan ku Dipati Ukur téh mémang bagian tina sajarah anu lumangsung di
Pasundan, dina taun 1620 tepi ka 1636 Masehi. Pangna ébréhan carita Dipati Ukur
jadi béda-béda téh lantaran teu sarua dina waktu ditulisna, teu sarua kasang
tukangna, jeung teu sareua kapentinganana.
Dina sakabéh
naskah, lalakon inti anu sarua téh nyaéta (1) Dipati Ukur ngarurug VOC di
Batavia pikeun ngalaksanakeun pancén ti Sultan Mataram; jeung (2) sanggeus
gagal ngarurug VOC, Dipati Ukur malik baha (berontak) ka Sultan Mataram.
Pasualanana,
naha bet terus baha ka dunungan? Pangna disebut dunungan téh sabab jaman harita
Ukur jadi bawahan Mataram. Dina kalolobaan naskah disebutkeun yén Dipati Ukur
téh ngalawan ka atasan ku cara nolak dipanggil pikeun mangadep ka Sultan
Mataram (mun dina hukum militer disebutna disérsi). Pangna kitu téh lantaran
dirina sieun ditibanan hukuman, balukarna tina gagalna nyerang bénténg VOC.
Cindekna, jeung tibatan dihukum pati ku dunungan, nya mending ngalawan.
Anu jadi kasang
tukang pangna Dipati Ukur baha ka Mataram téh, dina Babad Tanah Pasundan mah
aya deui tambahna, henteu ngan saukur sieun dihukum ku Sultan Agung lantaran
perangna éléh. Dipati Ukur hayang ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram
anu harita ngajajah Tatar Sunda. Cohagna mah, lantaran aya kasadaran hayang boga
wewengkon anu merdéka, henteu ngadunungan ka Jawa. Geura urang cutat:
“Dipati Ukur
tuluy mubus ka pagunungan sarta baladna kira-kira dalapan atawa sapuluh rébu
jelema dienclok-enclok, dipaturaykeun sagundukan-sagundukan, nu matak upama
dikumpulkeun di satempat, moal mahi baris pitedaeunana. Jeung deui Dipati Ukur
ngajakan anjeunna ménak atawa kapala-kapala Sunda nu séjén, supaya nurutan
ngalawan ka susuhunan, meungpeung susuhunan ayeuna keur kakurangan balad jeung
harta kakara mentas perang jeung Batawi téa. Tapi karéréanana ménak-ménak Sunda
henteu waranieun sanajan susuhunan keur meujeuhna lacur ogé.
Coba lamun
harita sakabéh ménak jeung kapala-kapala Sunda rempug sauyunan jeung Dipati
Ukur pada ngalawan ka susuhunan, taksiran harita ogé tanah Pasundan
panglega-legana geus leupas dina dieréhna ku Jawa. Tina sabab pakia-kiana
ménak-ménak jeung kapala-kapala Sunda, matak jadi kacilakaan ka nagara jeung ka
jelema-jelemana sarta éta sababna nu matak tanah Pasundan tepi ka 50 taun ti
waktu harita masih kawengku kénéh ku susuhunan baé.”
Tina éta naskah
kagambar yén para pamingpin Sunda dina alam harita teu kompak, Malah lain ngan
teu kompak wungkul, tapi deuih aya di antarana anu ngabocorkeun ketak Dipati
Ukur ka Sultan Mataram. Éta pangna Sultan Agung langsung ngaluarkeun paréntah
pikeun ngarurug Ukur, sabab lamun diantep mah teu mustahil bakal jadi cucuk
rungkang, tur bakal ngaganggu kana kadaolatan Mataram anu gedé karep hayang
ngawasa wewengkon séjén, hususna karajaan/kasultanan nu aya di Pulo Jawa. Apan
karepna mah Banten gé rék dirurug, ngan kahalangan ku VOC anu ngawasa Batavia.
Dina umumna
naskah disebutkeun yén pikeun ngalaksanakeun niatna enggoning lésot tina
kakawasaan Sultan Mataram, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung
Lumbung. Dina sawatara naskah disebutkeun yén Gunung Lumbung téh lokasina di
wewengkon Cililin (ayeuna kaasup wewengkon Kabupatén Bandung Barat). Tapi ari
dina naskah versi Batavia mah béda deui, cenah Gunung Lumbung téh ayana di
bawahan Sukapura (ayeuna jadi Tasikmalaya).
Leupas tina di
mana ari sabenerna Gunung Lumbung, anu sidik éta bénténg pertahanan téh kaitung
strategis ceuk élmu perang dina alam harita. Lokasina aya di luhur, tur lamun
rék ngajugjug ka dinya téh kudu ngaliwatan heula jungkrang anu nawing. Pasukan
Mataram anu dipingpin ku Tumenggung Narapaksa teu bisa nembus ka Gunung
Lumbung, sabab ti luhur ditinggangang ku batu, tepi ka ahirna bubar katawuran.
Ampir dina
sakabéh naskah dicaritakeun yén éléhna Dipati Ukur téh sanggeus gegedén Sunda
mantuan pasukan Mataram. Di antarana dina naskah versi Galuh disebutkeun yén
anu mantuan pasukan Tumenggung Narapaksa téh nyaéta Pangéran Sumedang,
Astamanggala (Umbul Cihaurbeuti), Samahita (Umbul Sindangkasih), jeung
Wirawangsa (Umbul Sukakerta). Anu dimaksud umbul téh nyaéta ngaran kapangkatan,
sahandapeun bupati. Dina versi séjén, anu tiluan téh (Astramanggala, Samahita,
jeung Wirawangsa) pangkatna lain umbul, tapi ngabéhi. Aya deui katerangan séjén
yén anu adu hareupan jeung Dipati Ukur mah sénapati ti Kawasén, ngaran Bagus
Sutapura.
Aya versi anu
nyebutkeun yén Dipati Ukur dipaténi ku Bagus Sutapura, laju sirahna
dipasrahkeun ka Sultan Mataram pikeun bukti. Tapi ari dina kalolobaan naskah
mah teu disebutkeun kitu. Dipati Ukur jeung wadyabaladna dicangkalak, laju
diiringkeun ka Mataram, awéwé-lalaki, malah jeung barudakna. Sanggeus cunduk ka
ditu, sakabéh tawanan dihukum pati, iwal kaom awéwéna anu dihirupan téh, diarah
gawéna sina jadi juru ladén atawa pelayan di karaton.
Dina naskah
Sukapura anu ditulisna dina basa Jawa, aya ungkara kieu:
“Ki Dipati Ukur
dikethok, Ki Demang Songgata dibungkus dening duk diobong, Ki Tumenggung
Batulayang digodog, Ki Ngabéhi Yudakerti digantung ing lawang, sugriyané kang
liwat padha ngiris, nunten pejah. Langkung sapunika: Umbul Malangbong, Umbul
Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar, Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang
sami dipunrujak kentasa.”
Tarjamahanana:
Ki Dipati Ukur diteukteuk beuheungna, Ki Demang Saunggatang dibungkus ku injuk
terus diduruk, Ki Tumenggung Batulayang digodog. Ki Ngabéhi Yudakerti digantung
dina panto gerbang, sarta saban jalma nu ngaliwat ka dinya kudu ngeureut awakna
(maksudna, awak anu keur ditibanan hukuman) tepi ka maot. Saleuwihna ti éta,
(hukuman pikeun) Umbul Malangbong, Umbul Cihaur Mananggel, Umbul Medang Sasigar,
Umbul Kahuripan, Umbul Sagarahérang nyaéta badanna ditutu atawa ditumbuk (dina
lisung).
Ampir dina
sakabéh naskah disebutkeun, para gegedén Sunda anu mantuan pasukan Mataram dina
waktu ngarurug Dipati Ukur, ku Sultan Agung dijungjung lungguh jadi bupati.
Samahita jadi bupati di Parakanmuncang (dibéré jujuluk Tumenggung Tanubaya),
Astramanggala jadi bupati di Ukur (dibéré jujuluk Tumenggung Wira Angun-angun),
jeung Wirawangsa jadi bupati di Sukapura (dibéré jujuluk Tumenggung
Wiradadaha).
Tangtu waé
sakur anu kajadian harita, tur dicatet dina naskah anu versina rupa-rupa, ku
urang teu bisa disawang terus dicindekkeun dumasar kana kacamata jaman ayeuna.
Enya, apan jamanna ogé béda. Hanas dina naskah ditétélakeun yén Dipati Ukur téh
posisina jadi tokoh antagonis, enya apan éta mah ceuk kacamata abad ka-17.
Bisa jadi
robahna pandangan urang Sunda anu mosisikeun Dipati Ukur jadi pahlawan, éta mah
geus rada béh dieu. Utamana pisan mah sanggeus terbit novelna anu ditulis dina
taun 1950-an, karya Rohendy Sumardinata jeung Supyan Iskandar. Ieu buku anu dua
jilid téh diterbitkeun ku Daya Sunda Pusat Bandung.
Gedé
kamungkinan deuih, éta novel téh disusunna sanggeus urang Sunda engeuh kana
kaayaan dirina sanggeus ngalaman rupa-rupa peristiwa anu lumangsung dina jaman
revolusi tepi ka taun 1950-an. Tujuanana pikeun ngahudangkeun sumanget ku cara
ngasongkeun informasi ngeunaan tangtungan Ki Sunda. Urang Sunda kudu aya anu
kawas Dipati Ukur, ludeung nyoarakeun pamadegan, tur ludeung ngaléngkah. Sok
sanajan, heueuh sok sanajan, dina kabuktianana mah geuning henteu (tacan) bisa
kompak. Urang Sunda silih rewég téh geuning geus aya ti baheulana.
Naha urang
Sunda kiwari, hususna para gegedénna, daék ngeunteung kana peristiwa Dipati
Ukur? Wallohu alam.*** (Kilinik Basa)
0 Response to "DIPATI UKUR - Ditulis ku: Tatang Sumarsono (Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas)"
Posting Komentar