WAWANGSALAN ANYAR SARENG EUSINA kénging: Agus Mulyana
WAWANGSALAN ANYAR SARENG EUSINA
kénging: Agus Mulyana1. Uleng mikir maca soal,
kapireng nu pupujian,
2. Ku virus sasalad dunya,
tikorona jadi eungap.
3. Virus kuman moal nerap,
sieuneun halimun gunung.
4. Tong liar kaluar imah,
mending ogé nyoo ucing.
5. Keuna ku bibit panyakit,
tatalépa pada jalma.
6. Mikatineung hateup saung,
paturay paanggang deui.
7. Ulah sok ngabuuk kawung,
unjak-anjuk unggal warung.
8. Lobana sapuluh léter,
gantawang juragan bendu.
9. Mungguh resep kembang kawung,
sok seueur nu milarian.
10. Nété awi nyokot lodong,
Balébat waktosna lugay.
11. Miyuni paré ku angin,
sarurak ayeuh-ayeuhan.
12. Rasa leuwih geuning kirang,
étangan teu parok deui.
13. Milandep kurupuk tangkil,
kantenan mun sareng simping.
14. Tara ngantos piwarangan,
mun pinter tong kabalinger.
15. Narawang ti luhur gunung,
kebon jauh huma anggang.
16. Panyakit poho limpeuran,
lalandong ulah ka dukun.
17. Rumaos babari lapar,
nuang wajit korédaskeun.
18. Bet siga gaang katincak,
sisi lamping nu lungkawing.
19. Ngala buah metik hasil,
alusna mah poé Senén.
20. Teu kénging mun melak paré,
diisukkeun diundurkeun.
21. Ulah sok ngagagang pacul,
bobodoran di nu resmi.
22. Kudu siga ciri makam,
panceg pangger teu galideur.
23. Cihinyay beureum di sawah,
dipeureutan ngarah garing.
24. Mirupa caringin kurung,
jajalaneun wayah subuh.
25. Masjid leutik sisi kulah,
pangjugjugan urang lembur.
26. Mun hayang kalapa ngora,
nyuhunkeunna ka juragan.
27. Ulah sok kamana karep,
geura pruk pami tos paheut.
28. Ulah sok ngaapel leuweung,
makmak-mekmek hambur alas.
29. Tutunggangan nu ngantunkeun,
panasaran mun can nyaho.
30. Motor boséh irit béngsin,
pédah wé teu gaduh deui.
31. Ulah sok ngahileud jeungjing,
manuk puter keur dikelat.
32. Naktak mundak angkaribung,
ngan henteu nunungtun kebo.
33. Wadah buku sok digandong,
isukan mah tong sakola.
34. Patilasan IKIP Bandung,
api-api henteu terang.
35. Moé tonggong di buruan,
katohyan pimitohaeun.
36. Guru jauh murid anggang,
padaringan pinuh béas.
37. Hayang teuing anggur lembur,
nu maneuh pangupa jiwa.
38. Ulah sok ngamaung leutik,
ngémutan tatarucingan.
39. Amis haseum dibajuan,
nyérédét haté tunggara.
40. Longkéwang haté nalangsa,
poma ulah rék caludih.
41. Dongéng keueung tur geueuman,
ragag-rigig di kuburan.
42. Hayang teuing dukuh leuweung,
cangkangna tong disisitan
43. Miyuni buah mahoni,
kakait ku gantar panjang.
44. Teu beunang ditéwak gancang,
teu beunang dihiras gawé.
45. Melengkung di hujan poyan,
bet rus-ras ka nasib diri.
46. Hayang téh walungan déét,
peupeuntasan mawa gantar.
47. Mun manggih walungan jero,
omat tong kaleuleuwihi.
48. Ulah sok hésé dititah,
bisi siga oray bedul.
49. Kurupuk atah diolah,
sumeblak rasaning ati.
50. Miyuni cau 'na hulu,
ayana luhureun punduk.
Eusina:
1. Ujian
2. Korona
3. Imun
4. Cicing
5. Tépa
6. Kiray
7. Injuk
8. Sagantang
9. Langari
10. Sigay
11. Ayeuh
12. Kérok
13. Emping
14. Singer
15. Mumunggang
16. Pikun
17. Peujit koréseun
18. Jempling
19. Panén
20. Tandur
21. Doran
22. Tetengger
23. Cipeureu
24. Jajaway
25. Tajug
26. Duwegan
27. Ngacapruk
28. Kesemek
29. Pasaran
30. Sapedah
31. Uter
32. Rébo
33. Kantong
34. UPI
35. Moyan
36. Daring
37. Kupa
38. Ucing
39. Cécéndét
40. Sedih
41. Jurig
42. Pisitan
43. Pait
44. Giras
45. Katumbiri
46. Babantar
47. Leuwi
48. Kedul
49. Seblak
50. Tanduk
0 Response to "WAWANGSALAN ANYAR SARENG EUSINA kénging: Agus Mulyana"
Posting Komentar