Update Covid-19 Purwakarta: 44 ODP Geus Dianggap Beres Masa Pemantauan
Katerangan Poto :
erwakilan Gugus Tugas Covid-19 Purwakarta, dr. Elitasari Kusuma Wardani, dina pernyataan tertulisna, Saptu (1/4/2020).
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
G
|
ugus Tugas Percepatan Penanggulangan Covid-19 Kabupatén
Purwakarta dina poé Saptu, 11 April 2020 yén 44 warga nu status Orang Dalam
Pemantauan (ODP) geus beres tina masa pemantauanna. Dina hal ieu mah, nambah
saurang deui salaku Pasien Dalam Pengawasan (PDP).
"Kamari jumlah ODP lobana
207 urang, poé ayeuna ngurangan jadi tinggal 163 urang. Sedangkeun PDP mah
ngadon nambah jadi 19 urang, lian ti éta warga nu terkonfirmasi positif masih
tetep 5 urang jeung nu tilar dunya, hasilna nihil," kitu ceuk Perwakilan
Gugus Tugas Covid-19 Purwakarta, dr. Elitasari Kusuma Wardani, dina pernyataan
tertulisna, Saptu (1/4/2020).
Nepika ayeuna Purwakarta masih kasebutna relatif aman, lantaran can
kasebut kana zona merah jeung wilayah transmisi lokal penyebaran virus corona.
Nurutkeun anjeuna, trekah jeung patéah salila ieu dina
antisipasi terus dilakukeun ku jajaran Pemkab Purwakarta ngalewatan Gugus Tugas
Covid-19, diantarana: Dinas Kesehatan tetap ngalakukeun rapid test (pemeriksaan)
jeung tracing (pelacakan)
pikeun nu keuna kontak pisik PDP.
Malah mandar, tina penertiban di unggal ruas jalan saperti Jalan
Veteran, Jalan Jenderal Sudirman jeung Jalan Ipik Gandamanah ku pihak Satpol PP
sarta Dinas Perhubungan katut instansi terkait nu lainna.
Pikeun leuwih apal, yén poé ieu, Saptu 11 April 2020 rék ngayakeun
penutupan dan rekayasa lalulintas di Jalan Jendral Sudirman (Patung Sudirman) nepika
Pertigaan Suryo, Jalan Siliwangi jeung Jalan KK Singawinata (depan Pengadilan
Negeri Purwakarta) ti mimiti jam 17.00-24.00 Wib.
Sedegkeun di Jalan RE Martadinata (Jalan Tengah) nepika
Pertigaan Suryo geus teu aya deui rekayasa lalulintas atawa penutupan jalur.
"Pihakna umajak sangkan warga tetep ngalakukeun jaga jarak
(physical distancing)
sangkan tetep aman terhindar tina penularan Covid-19," kitu saur Elitasari.
(*)
0 Response to "Update Covid-19 Purwakarta: 44 ODP Geus Dianggap Beres Masa Pemantauan"
Posting Komentar