WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

TPT Irigasi Cibabat Wahangan Citaman, Jebol!!

Katerangan Poto :
TPT Irigasi Cibabat Wahangan Citman, Jebol!! poé Salasa, (21/40) jam 10 WIB di Cimahi.*




CIMAHI Warta Sunda Onliné
D

ina kaayaan pandemik Covid 19 ieu tangtu pamaréntah keur serius tina tarekah jeung patéahna keur pencegahanna, pon kitu deui sakabéh warga masarakat dipiwarang caricing diimahna sewang-sewangan. Sangkan tong nepi ka keunaan ku virus corona. Ngan tadi isuk poé Salasa, (21/40) jam 10 WIB di Cimahi teu katalingakeun ku ayana TPT longsor.


Kajadian Tembok Penahan Tanah (TPT) Irigasi jebol. Éta kajadian téh di wewengkon Kelurahan Cibabat RT.02/RW.16 Kecamatan Cimahi Utara (Kalér) Kota Cimahi. Alatan ku curah hujan nungabalukarkeun TPT irigasi longsor.



“Untungna wé teu aya korban. Ngan ukur matrial irigasi nu kabawa longsor jerona aya kana lima puluh (50) météran.” Kitu ditetelakeun ku Ketua RT.02 Jajang Jaénudin ka Warta Sunda Onliné di lokasi.

Inyana salaku RT sigap dina urusan keur wargana mah. Malah mandar nepika harita ka lokasi langsung pikeun ningali kaayaan longsor nu sabenerna, soalna melang bisi aya korban. “Tapi, Alhamdulillah teu aya korban longsor irigasi éta téh.”

Pihakna teu kungsi lila koordinasi jeung Ketua RW.16, ka Pa Lurah katut Sekretaris Lurah ngabéjaan kana ieu kajadian.  

Dina hal ieu mah ceuk Lurah Cibabat, Sodikin nyebutkeun yén kajadian ieu téh geus jadi wacana rék di usulkeun sangkan dijieun benteng penahan irigasi. “Tapi kalah jebol manten,” pokna   

Lurah Cibabat, Sodikin

Sim kuring ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka warga nu parantos milu aub singkil dina gotong royong ngaguar-guar longsor éta.***
Suhanda/Fudi/Jajang

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TPT Irigasi Cibabat Wahangan Citaman, Jebol!!"

Posting Komentar