Saurang Balita Positif Covid-19 di Purwakarta Dinyatakeun Damang
PURWAKARTA
– Warta Sunda Onliné,
B
|
alita nu yuswana tilu satengah taun ti Kecamatan Kiarapedes,
Purwakarta nu saméméhna keuna Positif Covid-19, poé kamari, Ahad 12 April 2020
dinyatakeun damang.
Kitu ditepikeun ku Perwakilan Gugus Tugas Percepatan
Penanggulangan Covid-19 Kabupatén Purwakarta dr. Elitasari Kusuma Wardani, tina
sambutan tertulisna, Ahad (12/4/2020).
Nurutkeun anjeuna, yén di Kabupatén Purwakarta ayeuna nyesakeun
4 urang nu terkonfirmasi positif sarta masih dina perawatan tim medis. Samemehna
nu positif jumlahna kana 5 urang.
"Sedengkeun, keur ODP nepika poé ayeuna kacatet 168 urang, jadi
aya kanaékan. PDP masih tetep 19 urang, tilar dunya, nihil," pokna
Elitasari.
Uar pangajakna sangkan sakabéh lapisan masarakat kudu tetep
optimis dina nyanghareupan wabah pandemik global ieu. Pasalna, tepika ayeuna
Purwakarta masih dinyatakeun relatif aman, kulantaran can lebet zona merah ponn
kitu deui wilayah transmisi lokal penyebaran virus corona.
"Sajumlah léngkah-léngkah
keur ngaantisipasi terus dilakukeun ku jajaran Pemkab Purwakarta ngalewatan
Gugus Tugas Covid-19, diantarana, Dinas Kesehatan tetep ngalakukeun rapid test
(pemeriksaan) sarta tracing (pelacakan) pikeun nu kontak jeung PDP," pokna.
Lian ti éta ogé, tina sisi
pencegahan nu sipatna kewilayahan, pokna anjeuna yén penertiban tina ruas jalan
Jalan Veteran, Jalan Jenderal Sudirman jeung Jalan Ipik Gandamanah ku Satpol PP
sarta Dinas Perhubungan tur instansi terkait lainna masih tetep dilakukeun.
"Inyana ogé, ngahimbau pikeun
warga tetep ngalakukeun jaga jarak (physical distancing) kudu tetep aman jeung terhindar
penularan Covid-19," pokna Elitasari. (*)
0 Response to "Saurang Balita Positif Covid-19 di Purwakarta Dinyatakeun Damang"
Posting Komentar