Release PWI : Awak Média PWI Perwakilan Purwakarta Narima Bantuan APD ti Sapma PP Purwakarta
Katerangan Poto :
Nyerenkeun sacara simbolis
APD ti Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian (kénca) ka Ketua PWI Peduli
Purwakarta Dicky Zulkifli (katuhu) disaksian ku Sekretaris PWI Peduli Purwakarta
(Anto Sukanto) jeung Wakil Ketua PWI Purwkarta (Asép Budiman).*
PURWAKARTA – Warta
Sunda Onliné,
S
|
atuan Pelajar dan Mahasiswa Pemuda Pancasila (Sapma-PP)
Kabupatén Purwakarta nyerenkeun alat pelindung diri (APD) masker jeung alat
penyanitasi tangan (hand sanitizer) ka
awak média.
Ceuk Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian ngeceskeun,
pihakna kalintang pentingna peran serta sakabéh unsur lapisan masarakat keur ngabantu
pamaréntah dina upaya percepatan penanggulangan Covid-19 di Indonésia.
"Ku kituna, pihana masrahkeun APD masker jeung hand
sanitizer ka awak média nu aya di wadah organisa jurnalis PWI Purwakarta,"
pokna Aria.
Masrahkeun APD ditepikeun langsung sacara simbolis ti
Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian ka Ketua Persatuan Wartawan Indonesia
(PWI) Peduli Kabupatén Purwakarta, Dicky Zulkifli di Sekretariat PWI
Purwakarta, Juma’ah (10/4/2020) Jam 16.15 WIB.
Nurutkeun Aria, diskursus ngeunaa Covid-19, lain saukur soal
tatanan jeung klasifikasi sosial, poé ieu, lian ti tenaga medis, jajaran
personil keamanan katut petugas tanggap bencana nu panghareupna penanggulangan
Covid-19. Aya deui sosok awak média nu kudu diperhatikeun.
"Unsur pers atawa awak média ogé di anggap salaku
pahlawan. Aranjeunna nu sok ngabantu tina penyebaran informasi ka balaréa,
samalah aranjeuna akurat dina méré informasi ka masarakat," pokna deui
Aria.
Sedenngkeun Ketua PWI Peduli Purwakarta Dicky Zulkifli ngebutkeun,
yén Pamaréntah Daérah Kabupatén Purwakarta, nepika ayeuna can méré bantuan ka
para jurnalis nu bertugas unggal poé teu eureun-eureun nyalurkeun informasi nu
akurat ka masarakat nalika keur pandemi Covid-19.
"Ieu jadi tonggak sejarah, yén salah sahiji organisasi
nu méré bantuan ka para jurnalis," pokna Dicky.
PWI ngaapresiasi pisan léngkah Sapma-PP Purwakarta nu
milu merhatikeun ka para insan pers.
Dina hal ieu mah, insan pers ngarupakeun kelompok panghareupna
dina ngawartakeun informasi valid seputar Covid-19.
"Nya Alhamdulillah, insan pers tug dugika kiwari teu
ka asup kana profesi nu rentan terjangkit
Covid-19," pokna Dicky.
Dina pantauan Warta
Sunda Onliné, yén Sapma-PP Purwakarta lian ti masrahkeun bantuan alat
pelindung diri (APD) masker jeung alat penyanitasi tangan (hand sanitizer) ka awak média, ogé masrahkeun bantuan nu lainna
saperti sembako nu dipuseurkeun di Parapatan Stopan Sadang.
Malah mandar ceuk perwakilan warga masarakat Ema Iyah
(65) urang Cikampek ngadon ngamen ngarasa bungah dibagi masker jeung sembako nu
disaksian langsung ku Ketua jeung Sekretaris PWI Peduli ogé perwakilan anggota
PWI Perwakilan Purwakarta.*** (Rilis PWI/Anto)
0 Response to "Release PWI : Awak Média PWI Perwakilan Purwakarta Narima Bantuan APD ti Sapma PP Purwakarta"
Posting Komentar