WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PENCEGAHAN COVID 19 KOMP@S SUKASARI NGAYAKEUN PENYEMPROTAN DI KP. CIPUTAT

Katerangan Poto :
Perwkila anggota Komp@s Sukasari nyemprot pencegahan Covid 19 di Tajug di Kampug Cuputat RT.16/RW.05 Desa Kutamanah Kecamatan Sukasari, Ahad (12/4/2020).*

SUKASARI - Warta Sunda Onliné,
K
arancagéan ngabantu tempat fasum di wewengkon Kampung Ciputat Désa Kutamanah Kecamatan Sukasari, Kabupatén Purwakarta tina pencegahan Pandemik Covid 19, poé Ahad (12/4/2020). 

Dina hal ieu mah, pihak Komunitas Pecinta Alam Sukasari nu dinahkodaan ku Moch. Aripin sareng Perwakilan Désa/Bamusdés ngayakeun penyemprotan dispektan pencegahan Covid 19 di unggal sarana tajug/musola, masjid jeung majelis ta’lim.


“Sok sanajan di Sukasari teu pangaruh ku lockdown. Tapi perlu waspada sangkan tong nepika mahabu dilemburna,” kitu ditetelakeun ku Kang Ipin ka Warta Sunda Onliné di lokasi acara.

Anggota Komp@s na dikerahkeun keur ngayakeun bhaksos saperti halna ngayakeun penyemprotan di opat titik Kampung Ciputat. Malah mandar saméméhna koordiasi heula sareng pihak terkait.


Lain halna ceuk Ejen Jaénudin (Damkar), Runda Rohandian sarta Yogi perwakilan anggota Komp@s, nu keur nyemprot dispektan, inyana ngiring bagian tina éta kagiatan pikeun nyegah tong mahabuna virus korona dilemburna. Sedengkeun keur bahanna diantarana : Florin tambah karbol 10 mili per satu leter dicampur jeung cai 16 leter per tengkina.


Dina kasempetan éta ogé, Wakil Ketua Bamusdés Kutamanah, Ahmad Fadhil ku ayana gerakan pencegahan covid 19 ieu téh, hususna barudak komp@s kalintang saéna ngabantos  pikeun jama’ah majelis ta’lim, barudak ngaji sarta wargana. Beda deui ceuk Kaur Keuangan Désa Kutamanah Siti Solihat, yén pihak désa hususna Pa Kadés (PJS) Dedih Haryana ngarojong pisan kana ieu kagiatan.

Sedengkeun ceuk dua urang warga di Kp. Legok Lame - Ciputat RT.12 / RW.05 Ibu Nani (49) ngasuh madrasah Al-Ihlas, supaya sing sarehat. Pikeun Rotinan tiap poé Juma'ah isuk Ibu, wengi Bapa. Sarta saur Ibu Eti Maryati (35). Bingah ku ayana penyemprotan ieu.

Pihak redaksi Warta Sunda Onliné dibageakeun sangu liwet nu rencang tuangna endog goreng, goreng lauk patin, sangray teri, lalabna peuteuy jeung jengkol pedo pisan jeung sambel
balakecrkan sareng Komunitas Pecinta Alam Sukasari.* 


Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, acara ieu dihadiran Moch Aripin, Ketua RK (Kartas), Ketua Bamusdés Ciputat, perwakilan warga masarakat sarta 15 urang aggota Komp@s Sukasari. Sarta Lokasi nu jadi tujuan penyemprota éta téh diantarana  di majelis ta'lim Darma Atmaja (Romo), mesjid Al-Hidayah.***

(A.Mugian/Heri Purnomo)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PENCEGAHAN COVID 19 KOMP@S SUKASARI NGAYAKEUN PENYEMPROTAN DI KP. CIPUTAT"

Posting Komentar