WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ngabuburit di Bumi SAYÉMBARA VIDÉO PONDOK BASA SUNDA (Pikeun Barudak Sakola)


Ngabuburit di Bumi
SAYÉMBARA VIDÉO PONDOK BASA SUNDA
(Pikeun Barudak Sakola)


Puasa taun ayeuna mah, bawirasa bénten ti taun-taun méméhna. Boa teu kantos aya nu ngimpleng, urang baris nyorang alam kawas kieu. Papadaning kitu, dongkapna bulan suci mah kedah dipapag ku kagumbiraan. Mugia sasalad téh sing énggal sirna.

Danget ieu tangtos seueur nu netepkeun calik di bumi. Komo di wewengkon nu dianggap puseur sasalad mah, tarawéhan gé apan kedah di bumi. Ngabuburit semet di buruan, atanapi nu di luhur suhunan. Sanaos di émprona mah seueur kénéh nu liar, nanging saéna mah papada tuhu kana aturan.

Tah, husus keur adi-adi nu masih kénéh sakola, bari ngabuburit téh mending ngadamel vidéo. Gampil da, tiasa nganggo pakakas nu aya. Eusi vidéo nyaritakeun kaayaan bulan puasa dina mangsa sasalad. Wangunna mah bébas. Badé saperti filem pondok, aya leunjeuran caritana. Badé biantara, ceramah, ngawangkong, mangga baé. Nu penting mah nganggo basa Sunda, sareng tempatna kedah di bumi. Teu kedah panjang-panjang, cekap tilu dugi ka genep menit.

Sangkan langkung kéwes, adi-adi tiasa diajar heula cara ngolah vidéo. Kumaha téhnik nyandak gambar, ngolah sora, jsté. Diajarna mah tiasa ti mana waé, seueur ayeuna mah. Atuh upami palay langkung jembar pangaweruhna, hidep tiasa ngiringan heula "Pasantrén Online Kontén Ramadan", iberna aya di handap. Ieu sayémbara alpukahna Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDP-BS) Universitas Padjadjaran. Supaya teu papanjangan, ieu béwarana:

💡 TÉMA
"Puasa Mangsa Sasalad"

📋 KATANGTUANANA
(1) Pamilon kedah murangkalih sakola (SD/SMP/SMA) atanapi nu satata.
(2) Vidéo tiasa dina wangun filem pondok, paguneman, biantara, ceramah, jsté.
(3) Durasi vidéo 3—6 menit.
(4) Eusina kedah luyu sareng téma "Puasa Mangsa Sasalad". Satiasa-tiasa matak ngahibur tur ngandung unsur humor.
(5) Paguneman atanapi narasi dina vidéo kedah sagemblengna nganggo basa Sunda.
(6) Tempat suting vidéo kedah di sabudereun bumi.
(7) Vidéo kedah orisinil sareng teu ngarempak hak cipta.
(8) Upami nganggo musik atanapi lagu kénging nu sanés, kedah nyuhunkeun heula idin.
(9) Unggal pamilon ngan tiasa ngirim hiji vidéo.
(10) Karya kedah katampi ku panitia paling leuir 15 Méi 2020.

🎬 CARA NGIRINGAN SAÉMBARA
(1) Unggal pamilon kedah ngeusian heula formulir di dieu: https://lopian.unpad.ac.id/vidpon/
(2) Vidéo diunggah dina Youtube, lajeng tautanana dikintunkeun ka panitia.

💰 HADIAH
Pinunjul I: Rp3.000.000,-
Pinunjul II: Rp2.000.000,-
Pinunjul III: Rp1.000.000,-
Hadiah Hiburan x 5: Pakét data masing-masing Rp300.000,-

⏰ BÉWARA PINUNJUL
Pinunjul baris dibéwarakeun tanggal 20 Méi 2020.
Iberna tiasa dibuka di dieu: https://lopian.unpad.ac.id/vidpon/

📖📖📖

PASANTREN ONLINE KONTÉN RAMADAN 1441 H
Kanggo ngeuyeuban pangaweruh, hayu ngiringan pasantrén online kontén.

Matérina:
1. Idé jeung konsép kréatif.
2. Nulis skénario
3. Ngadamel storyboard.
4. Téknik dasar kaméra vidéo.
5. Ngarékam sora sareng éditing vidéo

Pamatéri: Tim Produksi Salman Film Academy

Waktosna:
01-07 Mei 2020 M/08-14 Ramadan 1441 H

Informasi sareng pendaftaran:
Akademi Ramadan Al Multazam 1441 H
Narahubung: Kang Iqbal (WA 0858 7114 7621)

Alpukahna:
Salman Film Academy
DKM Akademi Almultazam

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngabuburit di Bumi SAYÉMBARA VIDÉO PONDOK BASA SUNDA (Pikeun Barudak Sakola)"

Posting Komentar