WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Maung Lodaya keur Tapa di Gunung Cupu.


Katerangan Poto :
Maung Lodaya keur Tapa di Gunung Cupu.

PLÉRÉD – Warta Sunda Onliné,
Wewengkon Jawa Barat geus pada apal tina simbol maung lodaya. Saperti halna di Gunung Cupu Désa Anjun Kecamatan Pléréd aya maung lodaya keur tapa. Tapana éta téh dina raraga keur mapag romadhon di Kompepar Hutan Pelangi Gunung Cupu pingpinan Bah Vijeuy.


Ceuk Mang Koko Komarudin (51) keur ngabebenjokeun maung lodaya, salila saminggu di elus-elus. Di nangna-nengne, ti mimiti awak nepika buluna dikasepan deui.

Ari sing horéng Mang Koko téh keur ngarengsekeun pesenan Pa Sugiono Babinsa Désa Anjun Koramil Pléréd. Pesenan éta téh keur mapaés endahna kantor Koramil Pléréd caket Mesjid Jami Baeturrohim.



Mang Koko nyebutkeun ka Warta Sunda Onliné, sawatara poé katukang, yén tina nyieun Maung Lodaya ciptaanna téh teu leupas tina bahan saaya-aya saperti 4 sak semen, rrancang pibahaneun tali kawat, ram kawat,

“Ngan nu leuwih alus mah bahanna tina taneuh liat ngadamel maung téh. Lian ti gampang ngecet ogé persenyawaan cet leuwih nyerep kana taneuh, pokna Koko. 

Sedengkeun bahan tina semen rada bangga keur ngajirim maung lodaya sampurna.


Lain halna ceuk Pepen Kusnadi (pupuhu PPSI Kecamatan Pléréd), yén di Gunung Cupu Désa Anjun Kecamatan Pléréd téh mibanda pangrajin anu pinuh ku pangabisa tina nyieun sarwaning sasatoan keur nu pesen, saperti halna kukuyaan, sisingaan, gagajahan jeung nu séjénna, komo kendi mah, anjeunna (Koko) tiasaeun pisan ngadamelanana.

Kukituna ka para pamaos Warta Sunda Onliné, bilih di bumina hoyong dipapaes ku patung sarwaning sato bohna nu lain tiasa dongkap waé ka Gunung Cupu Désa Anjun Kecamatan Pléréd tepang Bah Vijey, soalna anjeunna ngokolakeun wisata edukasi.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Maung Lodaya keur Tapa di Gunung Cupu."

Posting Komentar