Kota Paris Van Java Lir Kota Mati
Katerangan Poto :
Kota Paris Van Java ka kiwarinakeun sepi lir ibarat kota mati.*
BANDUNG - Warta Sunda Onliné,
PANTAUAN suasana tiap juru di Kota Bandung nu biasana rame ayeuna mah sepi tiap ruas jalan utama Kota Paris van Java tina pandemi virus corona. Saperti tadi isuk ti mimiti Jalan Dago, Alun-alun jeung nu lainna di tutup ti jam 09.00 WIB nepika 15.00 WIB, Saptu (11/4/2020).
Teu aya deui sora patalimarga, ogé
sora-sora wangkongan disabudeureun jalann-jalan di pertokoan Kota Bandung. Poma
nu seuseurian para nonoman di pinggiran taman kota. Kituna ogé teu aya deui
antrian jeung barisan mobil angkot nu ngadon parkir néangan muatan.
Jelas katingali sepina kaayaan Kota
Paris van Java ka kiwarinakeun tina pandemi virus corona nu biasana rame ku
para pedagang asongan nu nawarkeun jajanan bohna nu lainna.
Kota Paris van Java nu biasa rame
ku para wisatawan domestik ogé mancanagara tina suguhan tempat-tempat hiburan
saperti halna kawasan belanja nepika tempat pelesiran keluarga.
Ku ditutupna kawasan belanja jeung pertokoan, tempat hiburan jeung klub malam ogé nutup pantona, walhasil Kota Paris van Java saperti kota mati.***
0 Response to "Kota Paris Van Java Lir Kota Mati"
Posting Komentar