WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kanyaah Indung

#net_asranipost


Kanyaah Indung


"Hallo, Sèp, di mana?"
"Di sakola, Tèh."
"Ka dieu, pami istirahat! Saur Emah tuang aya lalab."
"Mangga, Tèh."
Èta telepon ti Tèh Aan, lanceuk kuring panggedèna nelepon, waktu can mahabu sasalad corona, harita mah masih can perè digawè.
    Mèh unggal poè, Tètèh nelepon ngalaksanakeun parèntah Indung sangkan balik gawè, dahar di imah lanceuk.
    Enya wè, barang jol tèh geus nyampak sangu jeung deungeunna.
    Indung mah apal pisan karesep kuring, kana lalab-laban, urab, jeung lauk emas.
Ari datang kuring tèh kacida dagdag-dègdègna sagala diasongkeun, kaasup citèh panas, keur nginumna.
    Getèn pisan ka kuring tèh padahal umur kuring nu geus kapala opat, tapi kanyaahna angger teu laas-laas, kaasihna teu leungit-leungit.
    Poè kamari tanggal 18 April 2020, yuswana panceg 75 taun, alhamdulillah masih sèhat masih sok kuluyang-koloyong ka kebon ngadon pepelakan.
    Kanyaah Indung nu hamo bisa kabayar.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kanyaah Indung"

Posting Komentar