Imah Ma Emah Neda Perhatian ti Bupati
Katerangan Poto :
Imah ema Emah (70) kondisina rek ngajeblag ka Wahangan Cidadapan.*
PLÉRÉD – Warta
Sunda Onliné,
K |
aayaan Indonésia
tina pandemic Covid 19 mangaruhan kana suasana sapopoé warga nu caricing
diimah. Malah mandar aya hiji imah nu nyanghareup ngétanna téh rék ngajeblag
kana wahangan. Kajaba ayeuna masih kénéh usum hujan. Tangtu kondisi imah éta,
bakal longsor.
Ungkara diluhur éta téh jadi perhatian warga
RT.14 sering luwat-liwat ka imah ema Emah nu sisi wahangan. Nalika anjeuna sok
mindeng balanja ka pasar. “Nya, unggal poé ngaliwat ningali Ema Emah nu hirup
nyorangan (randa) kuli nyieunan pendil, cowét jeung sapuratina, ngarasa
kumalasepa kaayaana,” kitu ceuk Tini Sumiati (39) warga di RT.14/RW.03 Kampung
Lio Désa Anjun Kecamatan Pléréd, Purwakarta, Jabar, Indonésia ka Warta Sunda Onliné ngadadarkeun kaayaan
Ema Emah.
Inyana, ngarasa palaur bumina ema Emah mun
nepika diantepkeun kitu waé. Sieun kabawa longsor. Ku kituna, sim kuring
ngalaporkeun kaayaan ka pihak terkait saperti halna ka RT sareng RW. “Nya,
Alhamdulillah ibu RT sareng Pa RK/RW ngalayad kondisi Ema Emah.
Dina hal ieu mah, Ketua RT.12 langsung
gura-giru jeung Ketua RK.03 ngadongdon ka bumi Ema Emah. Hoyong leuwih apal
kana cacaritaan Bu Tini.
Tina dongdonan éta, Ketua RT sareng RW
ngabenerkeun yén nu jadi kamelang Ibu Tini téh bener. Malah hasil tina kondisi
kaayaan imah Ema Emah éta nepika dilaporkeun kana grup WA Aparat Désa.
Teu kugsi lila, Pjs. Kepala Désa Anjun
ngomentaran, yén imah nu karandapan Ema Emah téh tina nanggeuy sangkan tong
ngajeblag téh ieu merlukeun biaya nu cukup gedé.
Ema Emah (70) warga Kampung Lio RT.12/RW.03
Désa Anjun Kecamatan Pléréd Purwakarta nalika Warta Sunda Onliné, langsung ka
lokasi pikeun leuwih apal nu sabenerna pasualan nu karandapanna saperti témbong
gambar.***
A.Mugian/H.Purnomo
0 Response to "Imah Ma Emah Neda Perhatian ti Bupati"
Posting Komentar