WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Dana BLT, PKTD, jeung PENANGANAN COVID 19 Tina Dana Désa

Katerangan Poto :
Kepala Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Désa Kabupatén Purwakarta Jaya Pranolo, S.STP.,M.Si



PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,

Dina waktu deukeut yén sakabéh warga Kabupatén Purwakarta, tina dampak Covid-19, rék kenging Bantuan Langsung Tunai (BLT) , Padat Karya Tunai Desa (PKTD) jeung pencegahan / penanganan Corona virus tina dana désa 2020.


Sumber dana éta luyu sareng Permendes Nomor 6 Tahun 2020 tina perubahan Permendes Nomor 11 tahun 2019 Dana Désa 2020 dialihkeun kana BLT, PKTD sarta penanganan covid 19. Kitu nu kasauran Kepala Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Désa Kabupatén Purwakarta Jaya Pranolo, S.STP.,M.Si sawatara waktu katukang dina acara rapat koordinasi penjelasan penyaluran BLT dana desa di kantorna DPMD Kabupatén Purwakarta. Saptu, (20/04).

Acara lumangsung sacara giliran, ti mimiti jam 09.30 WIB. Rapat di bagi 3 gelombang, sangkan 17 kecamatan kalayanan rapatna sa-Kabupatén Purwakarta. Para pamilon nu hadir dina acara ieu téh ti sababaraha perwakilan pejabat désa, pejabat kecamatan kasie tapem sarta pendampingan désa.

Acara lumangsung kalayan lancar tur sampurna pikeun nyegah penyebaran Virus Corona, atawa physical distancing.

Pihakna ogé ngahaja ngondang perwakilan kadés, kasiepem sarta pendampingan désa secara bergelombang pikeun percepatan désa, dina raraga pencairan Bantuan langsung tunai atawa BLT, utamana dina pendataan jeung mekanisme pelaksanaan Dana Desa tahun 2020 nu ngaalokasikeun tilu kagiatan, BLT, PKTD jeung Pencegahan/ penanganan Covid -19 di désa," pokna Jaya

"Nilik tina kaayaan nu masih kénéh pandemik corona, dina rapat éta, pihakna tetep ngutamakeun physical distancing, ku cara jaga jarak antar pamilon dina rapat, ku kituna nepika dijieun tilu gelombang waktuna," pokna.
(Rahman HK)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dana BLT, PKTD, jeung PENANGANAN COVID 19 Tina Dana Désa"

Posting Komentar