BANGGA (TEU GAMPIL)
*Lalakon
BANGGA (TEU GAMPIL)
Ti kawit Kang Pérbu Godi Suwarna (Sang Maéstro Sajak Sunda) ngapungkeun béwara lomba maca Sajak Sunda malih langsung dibagikeun ogé dina buruan sorangan. Nu dipalar sangkan langkung seueur nu maca.
Pikeun kuring, salaku kaum enin rancingeus lomba, tangtos aya pergerakan ékstra. Sajak-sajak piliheun mimiti dibacaan salancar saheulaanan. Dipilih dua judul sajak nu susuganan bisa diteuleuman eusina. Malah nu hiji mah apal ditalar.
Atuh prak dibaca daria, malah bari renyah-renyoh hareupeun eunteung minangka latihanana. Sanggeus dianggap lancar, nitah midéo ka budak. Bérés!
Tuluy pidéo disetél dilalajoan ku sorangan, nyéh seuri. Ampun lain seuri kataji, haté bet asa diélékéték. Sajak sedih jadi komédi. Horéng sada sora Néh Dasih nawarkeun bala-bala arang nu meuli. Semu lumengis. Tuluy nyidik-nyidik 'éksprési' jeung gaya. Aduh teu nyambung. Padahal sumpahna asa nenggel keuna, malah rada cumalimba sagala maca téh.Ti dituna mah penjiwaan.
Ganti ah, sajakna moal nu éta asa teu 'rélevan' jeung paroman. Cocokna sugan jeung sajak ieu. Teu diengkékeun, sanggeus dibaca, kalayan gemet diimeutan kekecapanana nu ieu mah teu diapalkeun da bangga. Ditulis wé ku sepidol dina kertas. Atuh ger deui wé, hut-hét hareupeun kaméra hapé. Midéo.
Cetrék disetél, dilalajoan deui ku sorangan, na ana nyel téh teu kaampeuh lain ukur ngabelengéh nu ieu mah leuwih rosa tangkahkeun nyakakak seurina gé. Ditilik-tilik téh asa ningali Bi Encah mun keur kasarumahan. Téma naon, papuketna kumaha. Gusti ...
Alhamdulillah, aya hikmah bisa seuri nu genah kalayan mudah-mudahan teu matak dosa da lain nyeungseurikeun batur. Satuluyna kumaha? Ah, moal putus harepan, isukan mah leuwih daria.
Tétéla migawé sagala rupa gé bangga mun lain ahlina. Tapi yakin bakal bisa mun keyeng kalayan getol diajarna.
***
Rumpaka Rasa

0 Response to "BANGGA (TEU GAMPIL)"
Posting Komentar