Wisata Lembur Panyisian - Taman Batu Cijanun Purwakarta
Anugrah Illahi nu teu aya watesna. Saperti halna di wewengkon Kampung Cijanun RT.03/RW.04 Désa Cipeundeuy, Kecamatan Bojong, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.
Destinasi wisata Taman Cibatu éta, cindek yén kaéndahan alamna nu masih kénéh asli tur asri matak pikabetaheun pengunjungna. Komo nu kakara ngadongdon éta tempat moal ingkah balilahan.
Sawatara waktu katukang tim Warta Sunda Onliné, ngahaja nepungan ka pihak pemgembang. Dina hal ieu mah, pihak pengembang nu diparajian ku Imron ngokolakeun éta tempat hasil tina inspirasi kaayaan tempat nu loba batu-batu gedé.
Pikeun leuwih apal kana ieu warta, klip videona mangga tingal dina konten youtube : https://youtu.be/RcS2uSq24rU
Bantosan like tur subcribena.
hatur nuhun.***
0 Response to "Wisata Lembur Panyisian - Taman Batu Cijanun Purwakarta "
Posting Komentar