WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

#net_caritaLM - GEUNINGAN



#net_caritaLM

GEUNINGAN

Dina kumpulan resép séhat,  loba manggih postingan inuman détox. Diantarana anu paling cetar diposting anggotana téh campuran siksik séréh, kayu manis, korma, jeruk mipis, jahé geprék, siksik konéng nu dibanjur ku cai ngagolak, diantep genep jam. Kakara diinum.
Dipatalikeun jeung sumebarna penangkal virus corona, kuring mikir bakal nambahan stamina. Ditambah deuih susuganan jadi rada begang.  Der balanja empon-empon najan hargana  pikasebeleun. Jahé waé nu biasana sakilo opat puluh rébu ngajaul jadi dalapan puluh rébu.
Dua minggu ieu tara elat ngainfus water nu eusina éta. Ari ningalian deui postingan, geuning éta mah resép keur nyuburkeun kandungan. Da cenah tina sababaraha urang nu rutin nginum, suksés positip kakandungan.
Wéléh-wéléh, boa ayeuna kuring gé jadi subur pisan 😁😁

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to " #net_caritaLM - GEUNINGAN"

Posting Komentar