WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Jurus Pemkab Purwakarta Nyegah Virus Corona

Katerangan poto :
Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngagelar Rapat Internal nu ditujukeun ka Dinkes sarta Disdik
upaya siaga ku ayana wabah virus Covid-19. (15/3/2020).*

Pamariéntah Kabupatén Purwakarta ningkatkeun ngamawaspadaan ihwal Corona Virus Disease (Covid-19), ku cara ngumpulkeun para kepala OPD sarta Para Camat sa-Purwakatta.

Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngeceskeun yén pihakna miharep Dinas Kesehatan pikeun nyebarkeun tim kesehatan, dina upaya pikeun warga masarakat tong nepika geumper ngeunaan wabah penyebaran virus corona.



Engkéns, petugas méré informasi jeung antisipasi ka masarakat ihwal virus nu saperti kitu.

“Pihak Pamaréntah Kabupatén Purwakarta, upaya siaga ku ayana wabah virus Covid-19,” pokna Anne Ahad (15/3/2020).

Anne ngajelaskeun, inyana geus ngaintruksikeun sakabéh dinas pikeun milu aub dina pencegahan jeung antisipasi nyebarna virus éta. Sok sanajan, tepika ayeuna can narima laporan nu pasti yén warga Purwakarta nu katarajang panyakit nu saperti kitu atawa nu positif keuna virus éta.



Bupati Anne ogé geus ménta Dinas Pendidikan sangkan mérékeun para pelajar di sakabéh tingkatan salila dua minggu kapayunna, ti mimiti titimangsa ping 16 Maret 2020.

Kaputusan keur mérékeun kegiatan belajar mengajar (KBM) ieu téh luyu sareng kawijakan Badan Kesehatan Dunia (WHO), sarta edaran ti Kementerian Pendidikan RI.

“Kagiatan diajar tetap aya, tapi di imahna masing-masing. Jadi, guru ngan ukur nyiapkeun materi pelajaran pikeun tugas para siswana salila di imahna,” pokna Anne.

Lian ti ngaliburkeun kegiatan belajar, Anne ogé ngabedokeun sajumlah kagiatan nu ngundang massa. Kalebet ngeureunkeun samentawis kagiatan masarakat dina akhir pekanna. Saperti kagiatan wisata kuliner nu unggal Saptu peuting lumangsung, sarta Car Free Day tiap minggu isuk.

“Ieu bagian tina antisipasi pamaréntah keur upaya ngaminimalisasi penyebaran virus corona,” pokna.

Dina hal ieu mah, uar pangajak Anne yén masarakat pikeun leuwih antisipasi. Salah sahijina ku cara ningkatkeun kasadaran tina ngajaga kabersihan, sarta ngaronjatkeun pola hirup bersih jeung sehat.

Salian ti éta, dirina ogé peupeujeuh ka sakabéh pengelola tempat wisata pikeun leuwih merhatikeun fasilitas kabersihan keur para pengunjungna. Carana, ku cara nyiapkeun tempat husus wawasuh leungeun ku sabun antiseptikna.

“Husus ka para pengelola wisata, pihakna miharep nyadiakeun tempat cuci tangan (Wastafel). Jadi, saméméh asup ka lokasi wisata, pengunjung wajib wawasuh leungeun,” pokna Ambu.

Bupati nenehna Ambu Anne ngahimbau ka masarakat nu keur katarajang gejala batuk jeung bersin, pikeun ngajaga etikana, atawa nutup ku saputangan. Saterusna, inyana miharep sangkan mariksakeun diri ka dokter atawa ka rumah sakit pon kitu deui ngahubungi call center mun nepika aya gejala nu saperti kitu.

“Masarakat ogé bisa ngamangpaatkeun layanan call center 112 milik pamaréntah, mun peryogi informasi. Layanan ieu téh standby 24 jam,” pokna.

Anne nambahkeun, penyebaran virus nyebabkeun panyakit éta bisa dicegah ku pola hidup sehat, jeung rajin cuci tangan maké sabun anu antiseptik.

“Sabenerna, kubiasaan urang nu salah justru bisa mngaruhan nularna panyakit. Saperti jarangna ngawasuh  sabada aktivitas. Ku kituna, hayu uramg tingkatkeun kabersihan diri jeung lingkungan,”  Anne mungkas nyarita. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Jurus Pemkab Purwakarta Nyegah Virus Corona"

Posting Komentar