WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti Bojong : Villa H. Suyoto : Désa Bojong Timur Wangunan jeung Kolam Ikan Milikna ka Urugan

Villa H. Suyoto : Désa Bojong Timur Wangunan jeung Kolam Ikan Milikna ka Urugan

Ket.Poto : Kaayaan Villa di wewengkon RT.013/RW.007 Désa Bojong Timur ka urugan taneuh, akibat curah hujan terus-terusan.Dok.Yosie.*

Kamari poé Juma'ah jam 10.12 WIB di Kampung Cileuweung RT.013/RW.007 Désa Bojong Timur aya kajadian taneuh urug nu ngabalukarkeun Villa a.n. H. Suyoto musibah longsor.

     Ieu kajadian akibat curah hujan nu terus-terusan nepika tilu wangunan sarta dua kolam ikan nu aya kabawa caah taneuh/longsor. Untungna teu aya kirban jiwa.
     Balukarna wangunan jeung kolam ikan éta karugian kana ratusan juta rupiah. Kitu ceuk Indra (39) salah saurang warga milu aub nyingkirkeun taneuh urugan ka jalan.
     Inyana miharep ka warga hususna nu ngalangkung ka ieu wewengkon saméméh TKP atawa muter ka Pasir Angin Kecamatan Darangdan.*** (Yosie)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta ti Bojong : Villa H. Suyoto : Désa Bojong Timur Wangunan jeung Kolam Ikan Milikna ka Urugan"

Posting Komentar