Pangumuman jeung Istrenan Lima Kadis Anyar Bakal Bareng
Release Pemda Purwakarta :
Pangumuman jeung Istrenan Lima Kadis Anyar Bakal Bareng
Ket. Poto : Sekda Purwakarta Iyus Permana
Ketua Panitia Seleksi Terbuka Jabatan Pimpinan Tinggi Pratama Kabupatén Purwakarta, ogé salaku Sekda satempat, Iyus Permana negeskeun pangumuman ngaran-ngaran lima Kadis anyar rék dilakukeun babarengan jeung istrénan para Kadis.
Poé iei, Pamaréntah Kabupatén Purwakarta can bisa ngumumkeun saha-saha waé nu meunang korsi Kepala Dinas sanggeus diumumkkeunana tilu besar kandidat Kepala Dinas basa hasil seleksi.
"Pihakna ogé can apal percis, éta mah hak prerogratif bupati nu milih," pokna Iyus ka awak média, Salasa (4/2).
Nurutkeun anjeuna, terkait jadwal pelantikan (istrénan), pihakna ngajadwalkeun poé Juma'ah tepatna di tanggal 7 Februari 2020 nu bakal datang.
Dina kasempetan éta, Kepala Bidang Pengembangan Sumber Daya Manusia di BKPSDM Kabupatén Purwakarta Dadi Sadali ngeceskeun, ayeuna pihakna keur mroses ka Komisi Aparatur Sipil Negara (KSN).
"Engké mun turun rekomendasi ti KSN ka Bupati nga hegkeun jeung nunjuk salahsahiji tina tilu besar nu lolos seleksi," pokna Dadi.
Mun geus turun éta (rekomendasi KSN), pokna deui Dadi, kakara magelarkeun istrénan Para Kadis. Dadi ogé ngabenarkeun kana pangumuman saha-saha waé nu pinilih rék dibarengkeun kana pelantikan. "Moal aya pangumuman, malahan langsung pelantikan, kan engké jelas saha nu dipilihna," pokna. (*)
0 Response to "Pangumuman jeung Istrenan Lima Kadis Anyar Bakal Bareng"
Posting Komentar