WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pangajian Ahad Al-Muhajirin

Sakabéh jalma tangtu apal mun hadir HADIR di PENGAJIAN AHAD DI MESJID AL-MUHAJIRIN KAMPUS PUSAT kalintang pentingna keur neuleuman tur diajar élmubagama.


     Ku kituna pihak Al-Muhajirin ti mimiti ngadeg pasantrén ti taun 1993 pangajian éta teu leupas tina ngaguar widang keagamaan. Kitu ceuk Direktur Humas dan Kerjasama Yayasan Al-Muhajirin H. Deden Saépudin, M.Hum ka Warta Sunda Onliné via WhatsApp kamari soré, (4/2).
     Ayeuna jamaahna aya kana 300 urang nu hadir dina unggal poé ahad unggal mingguna. 
     Dina motona Yayasan Al-Muhajirin uar pangajakna "Dari Pesantrén (Al-Muhajirin) untuk Dunia". Malah mandar ayeuna mapag 27 taun Milad & Haul Pondok Pesantrén Al-Muhajirin. Kitu pungkas Deden.
     Pangajian Ahad di pasantren Al-Muhajirin pusat éta téh dikawitan tabuh genep enjing, di mimitian ku tawasul, sholawatan sareng tahsin al-Quran. 
     Sedengkeun nu masihan tausyiah dina pangajian Ahad ngadaduhan hanca kitab masing-masing, Pimpinan pasantren Dr. KH. Abun Bunyamin, MA nyepeng kitab Al Muawanah  sareng kajian tafsir. Kh. Ade Mumuh ngaguar kitab Jauharal Tauhid, HR. Marfu Muhyiddin Ilyas, MA nyepeng kitab al Arba'in fi Ushuluddin sareng tiap sasasih sakali dina Ahad ka opat aya pangajian kitab al Hikam Ibnu Athaillah. Pon kitu deui Anu didugiken ku KH. Soleh Nasihin di pasantren Miftahul Huda Manonjaya.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pangajian Ahad Al-Muhajirin"

Posting Komentar