WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mutiara Islami : WAWALES ANU KALINTANG ABOTNA KANGGO ANU NELASAN PATI KAUM MU'MININ

*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*

*WAWALES ANU KALINTANG ABOTNA KANGGO ANU NELASAN PATI KAUM MU'MININ*

Ku Ani Herliani

Dikawitan ku putra Nabi Adam Alaihi Salam anu kagoda ku sétan, mémang di alam dunya janten aya kajantenan rajapati. Malah kiwari rajapati téh langkung meuweuh. Kakuping tur katingal ku urang anu pangénggalna nyaéta rajapati ka kaum Mu'minin atanapi Muslimin nu aya di India. Umat Hindu anu lir dirojong ku pamaréntahna leres-leres merangan kaum Mu'minin anu teu tuah teu dosa. Seueur pulisi sareng tentarana anu ilubiung waktos nandasana.
 
Kanggo umat Islam mah getih kaum Muslimin téh sanés hal anu sapira. Kalintang luhung ajénna getih kaum Muslimin téh, boh numutkeun Alloh, boh numutkeun Rosululloh. Malah ancurna bumi alam teu sabaraha dibandingkeun sareng ngalayangna nyawa hiji Muslim.

Rosulullah Shollallohu Alaihi Wasallam midawuh,

لَزَوَالُ الدُّنْيَا أَهْوَنُ عِنْدَ اللهِ مِنْ قَتْلِ رَجُلٍ مُسْلِمٍ

*"Ancurna dunya leuwih céték numutkeun Alloh dibandingkeun jeung ditandasana hiji Muslim."* (HR. An-Nasa’i)

Agungna Ka’bah numutkeun Alloh henteu langkung agung tibatan nyawa hiji Muslim.

Ti Ibnu Abbas Rodhiallohu anhu,  anjeunna nyarios,

*"Waktos Rosululloh Shollallohu Alaihi Wasallam ningal Ka’bah, anjeunna midawuh, "Bagéa datang, héy Ka’bah, kacida agungna Anjeun jeung kacida agung kahormatan anjeun. Tapi jalma Mu'min leuwih agung numutkeun Alloh tibatan anjeun"."* (HR. Al-Baihaqi)

Jalaran kalintang penting tur agungna nyawa hiji Mu'min, upami aya jalmi anu ngahaja nandasa hiji Mu'min (kalayan teu aya alesan syar'i), Alloh parantos ngancokeun wawales anu kalintang abotna.

Alloh Subhanahu Wata'ala midawuh,

وَمَنْ يَقْتُلْ مُؤْمِنًا مُتَعَمِّدًا فَجَزَاؤُهُ جَهَنَّمُ خَالِدًا فِيهَا وَغَضِبَ اللَّهُ عَلَيْهِ وَلَعَنَهُ وَأَعَدَّ لَهُ عَذَابًا عَظِيمًا

*"Jeung sing saha jalma anu nandasa hiji Mu'min bari dihaja, wawalesna nyaéta Jahannam, manéhna langgeng di dinya jeung Alloh bendu jeung ngala'nat manéhna, sarta nyawiskeun azab anu tohaga pikeun manéhna.”* (QS. An-Nisa ayat 93)

Tina éta ayat jalmi anu nandasa hiji Mu'min bakal kénging wawales:

1. Ditempatkeun di naraka Jahannam salalamina.

2. Alloh bendu ka anjeunna.

3. Alloh ngala'nat anjeunna.

4. Dicawiskeun siksa naraka anu kalintang abotna.

Tohagana siksaan Alloh kanggo anu nelasan pati hiji Mu'min taya sanés jalaran luhungna ajén nyawa hiji Mu'min numutkeun Alloh. Dugi ka hukuman anu pangpayusna numutkeun Alloh nyaéta anu sapertos kitu. Malih numutkeun sapalihna para ulama, tobat jalmi anu nelasan pati moal ditampi ku Alloh, margi pakait sareng hak hirup éta jalmi. Janten kalihna ti tobat téh, anjeunna ogé kedah nyuhunkeun dihapunten ka jalmi anu ditelasan patina, anu tangtos moal tiasa da tos maot. Janten tetep kedah tanggel waler kana éta paripolah di ahérat. Wallohu alam.

Wargi sadaya kaasih Alloh, mugia urang ditebihkeun tina paripolah sapertos kitu. Mugia urang ogé ditebihkeun tina paripolah awon sanésna. Mugia urang teu weléh panceg dina iman sareng takwa tur teu weléh midamel amal soléh dugi ka urang dipundut ku Mantenna. Mugia urang ditebihkeun ti naraka. Mugia urang janten jalmi anu payus janten pangeusi sawarga-Na.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mutiara Islami : WAWALES ANU KALINTANG ABOTNA KANGGO ANU NELASAN PATI KAUM MU'MININ"

Posting Komentar