WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MUTIARA ISLAMI : KALINTANG RUGINA UPAMI MUNGPANG KANA AYAT-AYAT ALLOH - Ku : Ani Herliani

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


KALINTANG RUGINA UPAMI MUNGPANG KANA AYAT-AYAT ALLOH


Ku : Ani Herliani

A

lloh Subhanahu Wata'ala leres-leres Maha Welas tur Asih ka mahluk-Na. Mantenna miwarang manusa hirup di dunya saheulaanan téh sanés tambuh laku, nanging dipiwarang ibadah. Ibadah ogé henteu gaplah, da ku Mantenna ogé dipasihan buruhna, nyaéta pahala. Kanggo naon pahala? Kanggo janten konci lebet ka sawarga.

Kanggo ibadah tur midamel sanéskanten paripolah dina ngalakonan lalampahan geusan nikreuh ka sajatining tempat wangsul, nyaéta nagri ahérat, urang henteu diantep talag-tolog. Alloh anu Maha Asih masihan pituduh ku pidawuh-Na anu sinerat dina Al-Qur'an, sareng pituduh anu mangrupi conto ti Rosul-Na, boh anu mangrupi cariosan, boh anu mangrupi paripolah. Urang minangka manusa kantun tumut kana éta pituduh, margi Alloh anu nyiptakeun urang kalintang uningana naon anu pangsaéna kanggo mahluk anu diciptakeun ku Mantenna. Sapertos paréntah sholat, kalihna ti bakal kénging pahala téh, numutkeun hasil panalungtikan ahli kaséhatan sholat ogé saé kanggo kaséhatan. Kitu deui sodakoh, kalihna bakal kénging pahala sareng wawales anu pangpunjulna, nyaéta sawarga, ogé saé kanggo kaséhatan alatan manah anu bingah satos ningal kabingah ti nu nampi sodakoh, ngaluarkeun salahsawios enzim anu saé kanggo kaséhatan. Sabalikna anu dipahing ku Alloh sapertos teu kénging ngaleueut atanapi nuang anu matak mabok atanapi anu matak teu émut kana kaayaan (teu sadar) sareng teu kénging nuang sato anu tos ditangtoskeun haramna, tos kantenan rugina kanggo manusa. Anu mabok kalihna ti ngareksak badanna, ogé dina kaayaan teu sadar tiasa janten midamel hal anu ngarugikeun dirina sareng ngarugikeun nu sanés. Dupi anu nuang katuangan atanapi sato anu diharamkeun, numutkeun ahli kaséhatan kalintang awonna kanggo kaséhatan manusa atanapi bakal janten panyawat. Kabuktos virus corona anu kiwari nuju mahabu, anu kawitna tina sato anu diharamkeun dituang. Kitu deui perkawis nutup orat, Alloh miwarang nutup orat kanggo wanoja Muslim téh supados gampil katingal tur henteu diganggu. Kabuktosan seueur kajantenan anu ngabahayakeun wanoja téh tina perkawis orat anu nembrak. Janten kabuktos pidawuh Alloh, upami urang mungpang kana ayat-ayat-Na, urang bakal rugi.

Alloh Subhanahu Wata'ala midawuh,

وَلَا تَكُونَنَّ مِنَ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِ اللَّهِ فَتَكُونَ مِنَ الْخَاسِرِينَ

"Jeung poma aranjeun ulah kaasup jalma-jalma anu mungpang kana ayat-ayat Alloh, anu ngabalukarkeun aranjeun kaasup jalma-jalma anu rugi." (QS. Yunus ayat 95)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MUTIARA ISLAMI : KALINTANG RUGINA UPAMI MUNGPANG KANA AYAT-AYAT ALLOH - Ku : Ani Herliani"

Posting Komentar