WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mutiara Iskami : ALLOH BAKAL MANCEGKEUN ANU LERES KU KATANGTOSANANAKu : Ani Herlian

*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*

ALLOH BAKAL MANCEGKEUN ANU LERES KU KATANGTOSANANA


Ku : Ani Herliani

Danget ieu bebenaran Islam leres-leres nuju ngarandapan pangrobéda. Kana ajaran Nabi Muhammad mangmang, malah disebat haram. Urang minangka Muslim anu nuju teras-terasan satékah polah ngaronjatkeun ajén diri numutkeun Islam ku cara terus-terasan tobat, teras-terasan nebihan paripolah dosa, tur teras-terasan ibadah, boh nu wajib, boh nu sunat, janten ngarandeg sakedap tina léngkah urang anu nuju udag-udagan. Sahenteuna urang janten ngiring ngémutan, naha kasauran aranjeuna téh leres? Urang anu waspada tur yakin kana sajatining pituduh, nyaéta Al-Qur'an sareng sunah, bakal neraskeun deui léngkah urang tur udag-udagan deui, margi urang nuju ngudag waktos. Urang teu terang bakal iraha dipundut ku Mantenna sareng naha pahala urang parantos cekap kanggo ngahontal sawarga-Na waktos dipundut atanapi teu acan? Nanging jalmi anu kirang waspada tur masih kénéh léléngkah halu dina ngawangun kayakinan, teu mustahil bakal kapangaruhan.

Alloh Subhanahu Wata'ala maparin iber anu matak reugreug kanggo urang dina mayunan kaayaan anu sapertos kitu. Mantenna midawuh,

*وَيُحِقُّ اللَّهُ الْحَقَّ بِكَلِمَاتِهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُجْرِمُونَ*

*"Jeung Alloh bakal mancegkeun anu bener ku katangtuan-Na, sanajan jalma-jalma anu migawé dosa henteu mikaresep."* (QS. Yunus ayat 82)

Alloh mancegkeun bebeneran ku kalimah-kalimah-Na anu mangrupi putusan sareng kalimah-kalimah-Na anu mangrupi katangtosan syari'at, anu baris janten hujah-hujah sareng buktos-buktos. Éta hujah mangrupi pidawuh-Na anu sinerat dina Al-Qur'an. Dupi buktos-buktos taya sanés mangrupi kajantenan nyata di dunya anu leres-leres tiasa kasaksén ku urang sadayana, sanaos jalmi-jalmi anu midamel dosa atanapi anu satékah polah ngahalangan nu sanés ti jalan Alloh henteu resepeun.

Janten urang anu nuju teras-terasan satékah polah ngahontal rido sareng kaasih-Na, hayu urang tetep sumanget kanggo ngalaksanakeunana. Urang teu kedah galideur kantenan sieun ku dodoja mahluk. Urang gaduh Khalik. Salami urang aya di jalan-Na urang kedah yakin, wiréh Mantenna teu weléh aya tur sayogi kanggo maparin panangtayungan sareng pitulung-Na.

Mugia urang panceg di jalan-Na kanggo ngahontal rido sareng kaasih-Na sanaos abot halangan harunganana. Mugia urang janten jalmi anu payus kénging ni'mat hirup anu mulya di dunya tur kénging tempat wangsul anu saé di ahérat.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mutiara Iskami : ALLOH BAKAL MANCEGKEUN ANU LERES KU KATANGTOSANANAKu : Ani Herlian "

Posting Komentar