MITRA MEDAR, URUSAN NYÉNSOR
URUSAN NYÉNSOR
(1)
Cék béja mah, dina ieu acara téh bakal aya pilem nu dijudulan "antologi tapak nyénsor". Maksud téh kieu, saméméh diputer di bioskop, pilem-pilem téh sok disénsor heula, pan. Tah, popotonganana (kahadé, sanés popotongan mantan), disambung-sambung deui nepi ka jadi pilem anyar. Kitu lah, sabangsaning kumpulan adegan. Aéh, ari nyénsor pilem jaman kiwari kawas pagawé layar tanceb neukteukan kliseu nu ruksak, kitu?
(2)
Nu kungsi ngalaman jaman layar tanceb di lembur, tangtu inget kénéh kana rupaning kawaas. Ti mimiti diudag-udag hansip lantaran moncor kana kulibeng karung, éak-éakan mun aya "adegan panas", atawa keur raraména gebrét hujan, atawa layar runtuh ku angin badag. Tah, mun ayeuna nanggap deui nu kitu, kumaha nya aturanana? Naha kudu disénsor heula?
(3)
Urusan lalajo pilem téh mémang matak piomongeun ti jaman kolonial kénéh. Réa kolot nu hariwang duméh barudak bet diasongan gambar nu lain-lain. Upamana, dina koran Pasundan taun 1919, aya hiji tulisan nu judulna "Ari Barudak Meunang Lalajo Bioskop?", jawabanana: meunang sapanjang éta pilem leubeut ku picontoeun. Cék éta tulisan, di Bandung aya komisi nu gawéana mariksa gambar nu rék diputer di bioskop. Meureun mun bisa mah, pilem keur barudak téh éstu nyaritakeun kahadéan wungkul. Ti adegan mimiti nepi ka anggeus pinuh ku pirang-pirang pituah, teu béda ti guru ngajar ka barudak. Tah, kumaha patalina pilem jeung barudak? Kumaha sakuduna sikep kolot-kolotna?
(4)
Ayeuna jaman geus robah. Masarakat téh cenah beuki kritis, pan. Mun aya pilem nu sakirana teu luyu jeung "moral bangsa", tuluy baé abring-abaringan démo, dalah nu can lalajo gé geus wani hohoak. Anéhna, ari tayangan vidéo nu balawiri dina média sosial mah kawas nu "dihampura". Dina médsos mah, jalma-jalma téh kawas nganggap prah baé nénjo vidéo nu di bioskop mah dicaram pisan, atawa adegan nu pikaketireun. Éta nu nembrak, can nu nyarumputna. Kumaha ngungkulan ieu masalah?
Cék béja, dina gunem catur poé isuk, pirang-pirang masalah nu aya patalina jeung pilem, sénsor, katut unak-anikna, bari dipedar nepi ka bubuk-leutikna. Sakalian baé nalék kana gagasan M. Sudama Dipawikarta alias Dhipa Galuh Purba, sakumaha nu ditulis dina buku "Sénsor Kontémporér". Nu rék mesék éta buku aya tiluan: Asép Salahudin, Hawé Setiawan, jeung Ni Luh Putu Elly P. Erawati.
Nu panasaran hayang terang gékgékan pilem, kari sumping baé ka Perpustakaan Ajip Rosidi, Jl. Garut No. 2 Kota Bandung. Acarana dimimitian pukul 14.00. Teu kedah memekel tikét bioskop atawa sangray jagong. Kopi-kopi waé mah aya. Cék béja, panitia keur mikiran sangkan sakur nu datang, balikna dibahanan artis pilem papan atas. Tapi da yakin, ku panitia moal kapikir kumaha carana.***
0 Response to " MITRA MEDAR, URUSAN NYÉNSOR"
Posting Komentar