Hayang Mobil Anyar atawa Umroh Gratis? Buruan Daftar Jalan Santai ka Ponpes Al-Muhajirin

Hadiah utama Door Prize olah raga jalan santai, yang akan diselenggarakan oleh Pondok Pesantren Al-Muhajirin
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
Siap-siap warga Purwakarta kenging hadiah mobil, jeung umroh keur 3 urang sarta motor. Sangkan kenging hadiahna, daftar tur ngiring aub dina kagiatan gerak jalan santai.
Lian ti hadiah utama mobil, pihak pondok pesantrén sumebar sa-Kabupaten Purwakarta ieu ogé nyadiakeun hadiah-hadiah lainna. Hadian nu saperti kitu téh, sadayana keur para warga masyarakat nu ngiring aub kana bagian, dina kagiatan jalan santai, nu baris di pagelarkeun sasih Maret.
Nurutkeun panatacalagara, Deden Saepudin, kagiatan jalan santai éta ngarupakeun saniskara kagiatan Milad jeung Haul Pondok Pesantrén Al- Muhajirin.
“Dina raraga Tasyakur Milad jeung Haul Pondok Pesantrén nu ka 27,” pokna Deden ka Warta Sunda Onliné via selulerna Kemis (26/2/2020).
Kagiatan éta rék lumangsung poé Saptu tanggal 14 Maret 2020, rencanana star na di lapang Polres Purwakarta jeung finis na di Kampus II Al-Muhajirin.
Kagiatan éta rék lumangsung poé Saptu tanggal 14 Maret 2020, rencanana star na di lapang Polres Purwakarta jeung finis na di Kampus II Al-Muhajirin.
“Kagiatan éta lian keur kulawedet Pondok Pesantrén, ogé terbuka keur masyarakat umum saha waé nu ngiringan pikeun ngeuyeuban ngramekeun jalan santai,” pokna Deden.
Pikeun masyarakat umum nu hoyong ngiringan gerak jalan santai, bisa dongkap langsung ka sekretariat kepanitiaan jalan santai. Lantaran tos disiapkan ku panitia di sekretariat, saperti kaos jeung kupon undian sarat ngarebutkeun door prize satu unit mobil, 3 urang angkat umroh sarta 1 unit motor.
“Salain hadiah utama, aya ogé hadiah-hadiah hiburan séjénna nu parantos di siapkeun ku panitia,” pokna deui Deden.
Sajeroning kitu, pendaftaran kagiatan jalan santai éta, masyarakat bisa langsung datang ka kampus pusat Al-Muhajirin nu aya di Jalan Veteran.
“Lian di kampus pusat, masyarakat ogé bisa daftar di tempat nu tos ditangtoskeun ku panitia nyaéta aya 3 titik. Saperti di kampus II di Sukamulya Jalan Ipik Gandamana Ciseureuh (Arah nu badé ka Cimaung), kampus III Al-Muhajirin nu aya di Citapen Sukatani Jalan Raya Bandung-Purwakarta ogé di kampus IV di Bendul Sukatani Jalan Raya Bandung – Purwakarta,” pokna Deden, nerangkeun tempat pendaftaran kagiatan jalan santai éta.***
0 Response to "Hayang Mobil Anyar atawa Umroh Gratis? Buruan Daftar Jalan Santai ka Ponpes Al-Muhajirin"
Posting Komentar