Bupati Sidak ka Kantor Disdik. Aya Naon nya???
Warta Sunda Onliné,
Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika tara tisasari Sidak ngadongdon ka gedong Linuhung (Dinas Pendidikan Purwakarta) bari jeung mawa pasukan kalebet rengrengan Diskominfo. Aya naon, nya!!!
Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto ngarasa reuwas tur bungah ku dongdonan Bupati Purwakarta ka kantorna di Jalan Gang Beringin.Di lingkungan Pemerintah Kabupatén Purwakarta, komitmen keur ngurangan runtah plastik. Sarengséna senam pagi di buruan kantor Dinas Pendidikan, sim kuring ngecek langsung ka unggal ruangan pejabat jeung pegawai. Leres henteuna para pagawé nyarandak tur nganggo tumbler atawa kempis cau, keur ngaganti cai nginum tina kemasan botol plastik.
Katingal, Kepala dinas katut jajaranna parantos nerapkeun pengurangan sampah plastik. Salah sahijina, ku marawa tumbler ka kantor. Lian ti éta, di kantor disdik tos sadia stasiun pengisian air siap minum. Ieu mangrupi bukti komitmen uranf saréréa dina ngurangan runtah plastik.***
#sampahplastik #tumbler #lingkungan #purwakartaistimewa #purwakarta
0 Response to "Bupati Sidak ka Kantor Disdik. Aya Naon nya???"
Posting Komentar