SUKATANI NARGETKEUN KIDS ATLETIK
Salahsahiji perwakilan siswa mintonkeun unjuk kabisa dina kaulinan Sunda.*
SUKATANI NARGETKEUN KIDS ATLETIK
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
G
|
EBYAR kakompakan saniskara kagiatan di
Sukatani, taun ayeuna mah sabada bubarna UPTD Pendidikan, teu aya pangaruh
pikeun magelarkeun kakompakan saniskara kagiatannana. Malah justru leuwih kompak.
Komo Ketua Panitia Drs. Oos Kosasih
minangka mapag purnabhakti didunya atikan sasih 1 September 2020 nurutkeun SK.
Tapi kaayaan nu tadina ayana UPTD Pendidikan téh jadi Koordinatir Wilayah (Korwil-Red) ieu nu bisa ngahijikeun antara Kepala Sekolah, Guru, katut Anak Didik tur Orang Tua Siswa kalebet pedagang téh. Kulantaran korwil nu gaduh wilayah teritorial di wewengkon kecamatan. Malah dibantu ku Ketua K3S Kecamatan. Luyu sareng kapentingan sewang-sewangan.

Ketua Panitia Drs. Oos Kosasih.*
Kajaba ti éta,
kagiatan Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani ieu téh dinta
raraga ningkatkeun pembinaan jeung pengembangan olahraga, pengetahuan, seni jeung
agama di sakola.
Ku kituna, di Kecamatan Sukatani pihak
panatacalagara kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD
Sukatani magelarkeun saniskara kagiatan luyu sareng téma : Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani. Para pamilon
nu diilukeun téh ti 31 Sekolah Dasar sa-Kecamatan Sukatani nu ngawengku
saniskara kagiatan saperti basa acara Pembukaan Kreatifitas Siswa SD Sukatani
nu langsung dibuka ku Korwil Kecamatan Sukatani - Pléréd, H. Jalaludin Malik,
S.Pd, M.Pd.
Dina biantarana Korwil Kecamatan Sukatani - Pléréd, H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd., negeskeun yén kagiatan nu saperti kitu téh, inyana ngarasa reueus nepika bisa lumangsung. “Malah mandar dina sambutanna ngabejerbéaskeun uar pangajakna ka para pamilon ngeunaan préstasi nu disangking ku Sukatani euyeub pisan. Éta nu kedah dipertahankeun kituna deui langkung dironjatkeun deui.

Korwil Kecamatan Sukatani - Pléréd, H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd.
Harepan Ketua Korwil, “Mugia barudak di
Sukatani téh bisa ngukir préstasi tina sagala widang, poma ayeuna nu
dilombakeun téh hiji diantarana tiasa nyongcolang ka tingkat Kabupatén,
Provinsi tur tingkat Nasional, jungjung sportifitas dina lomba”.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua
Panatacalaga Kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sukatani Drs.
Oos Kosasih basa diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné,
negeskeun yén nu jadi target di Kecamatan Sukatani téh nargetkeun Kids Atletik. Lantaran geus jadi langganan dina tiap kagiatan nu saperti kitu téh.
Sedengkeun cabor Kids Atletik éta ogé,
geus biasa langganan Sukatani sok jadi pinunjulna waé. “Mudah-mudahan nu jadi
target éta téh tiasa kahontal alias tinekanan, nyuhun pidu’ana ka sakumna
pamaos media onliné hususna Warta Suna Onliné,” pona Pa Oos
Kosasih.
Lain deui nu kasauran Wakil Ketua
Panatacalaga Kagiatan, Asép Saépudin, S.Pd nu harita macakeun laporan panitia
dipayuneun pamilon tur tamu ondangan, yén saniskara kagiatan ieu téh lumangsung
ti tanggal 21 Januari – 24 Januari 2020.
Sedengkeun tempat aya 6 titik lombana diantarana acara Pembukaan di
Lapang SDN 1 Sukatani, Soli 2 Sukatani, kid stletik di Lap. Sdn 4 Sukatani, Bulu Tangkus di Gor Pgri Cianting, Pentas PAI di SDN 1 Cianting Utara sareng Sirung Sunda di SDN 2 Cianting Utara," kitu ceuk Sekretaris panitia kagiatan Ade Suhayat, S.Pd ka WSO.
SDN 1 Sukatani jeung Gor PGRI/UPTD
Pendidikan Sukatani. Lomb-lomba nu dilombakeun téh ngawengku
diantarana Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN), Olimpiadé Sains
Nasional (OSN), Olahraga Tradisional (OLTRAD), Festival dan Lomba Seni Siswa
Nasional (FLS2N), Festival dan Lomba Literasi Nasional (FL2N), jeung Sirung Sunda Pinilih sarta Pentas PAI satatar
Kacamatan Sukatani.
Nurutkeun data yén Lomba Kréatifitas Siswa SD Sukatani minangka taun ayeuna pang rohakana, lantaran lomba-lomba na aya kana 50 lomba. Pon itu deui jumlah pamilon ti 31 SD, jumlah juri jeung wasit 120 urang. Acara
dihadiran ti Para Kepala Sekolah sa-tatar Sukatani, korwil Pengawas tur Penilik sarta
orang tuas siswa.*** Anto Sukanto
0 Response to "SUKATANI NARGETKEUN KIDS ATLETIK"
Posting Komentar