SKM GALURA, MINGGU III, 15 JANUARI 2020
“KAWÉNÉHAN”
Ku Usép Romli H.M.
“Kawénéhan” asal tina kecap “wénéh”. Dina Kamus Sunda R.A. Danadibrata (2006), diterangkeun, “kawénéhan” téh, nénjo atawa ngadéngé kajadian pikahémengeun. Ajaib.
Mimindengna dipatalikeun jeung nu goib-goib. Bangsa jurig nyiliwuri, setan mindarupa.Boh ukur ngolébat atawa nyora teu puguh ti mana-manana , boh ngajanggélék.Ngajirim. Dina basa Indonésia geus prah disebut “penampakan”.
Basa kapapancénan ngumpulkeun carita rayat (folklore) ti Panitia Taun Buku Internasional Indonesia 1972 nu disponsoran ku UNESCO, réa manggih carita atawa dongéng nu ngandung unsur “kawénéhan”. Malah di sawatara wewengkon, masih jadi bagian tina kapercayaan hirup kumbuh sapopoé. Mindeng kénéh nu ngalaman “kawénéhan”, dipatalikeun kana kajadian atawa lingkungan alam.
Kawas di wewengkon sabudeureun leuweung gerotan. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati. Tempat badak guyang, tempat maung matuh.
Upamana di Leuweung Sancang, Kac.Cibalong, pakidulan Garut. Sok aya (malah réa) nu kawénéhan nénjo awéwé geulis atawa lalaki kasép, jajadian tina Maung Sancang. Ceuk dongéng sasakala, Maung Sancang téh asalna prajurit/emban Pajajaran. Nuturkeun Prabu Siliwangi mubus ka Sancang, sabada diobrot ku Kian Santang sabalad-balad. Di Leuweung Sancang diaku ku Prabu Maharaja Di Lewa. Prabu Siliwangi terus “tilem” (moksa). Sakapeung-kapeungeun sok ngajirim jadi Maung Bodas. Dumukna di Guha Garogol. Mun kabeneran hujan poyan, sok ngangin di Karang Gajah, sisi Samudra Hindia nu ombakna motah.
Ari prajurit katut pawarangna, robah jadi Maung Sancang. Maung konéng udat-udat hideung, manjang (horizontal) . Beda ti Maung Lodaya nu belangna coréléng ti luhur ka handap (vertikal). Maung Sancang kajajadén prajurit Pajajaran téh darumukna dina rungkun-rungkun kai kaboa nu tumuwuh di basisir deukeut muara walungan nu ngamuara ka Laut Kidul (Samudra Hindia), kayaning Cijeruk, Cisanggiri, Ciparéang, jsb.
Nu “kawénéhan” sok manggihan jalma kasép atawa geulis keur arulin sisi leuweung. Barang ngarasa katangén, sok ngiles atawa ngarupakeun deui maung. Puguh wé nu kawénéhan ngadadak soak. Ngabecir lumpat atawa ngayekyek kusah-koseh bari ngompol.
Carita “kawénéhan” nenjo maung kajajaden lain di Leuweung Sancang bae. Tapi di tempat-tempat séjén oge sok aya. Biasana maung kajajaden téh ngarupakeun nini-nini kolot. Ngomongna ngirung. Ngélék boboko buntung. Biasana témpo sareupna keur hujan ngaririncik. Katelah “adén-adén”.
Ayeuna Leuweung Sancang, sarua jeung leuweung-leuweung gerotan sejenna di Tatar Sunda (Cikepuh Sukabumi, Bojongmanik Cianjur., Cipatujah Tasikmalaya, jsb), geus coréngcang. Fauna pangeusina, bangsa banténg, maung, manuk julang, hingkik, aul, tuweuw, jrrrd, geus malabur ka mana mendi. Flora bangsaning kekembangan (utamana angkrék), kai langka (werejit, reunghas), béak dibukbak. Sabagian wilayah Leuweung Sancang kasempog ku jalan raya Lintas Selatan nu tembus ti Palabuan Ratu (Sukabumi) ka Pangandaran.
Dongeng kawénéhan séjénna, kajadian di walungan Cimanuk,lebah leuwi Batuputri (kaasup Désa Majasari, Kac.Cibiuk). Harita hujan poyan. Katumbiri melengkung luhur. Hiji lalaki keur ngarit, ngaliwat ka sisi leuwi. Nyampak dina batu aya sababaraha urang mojang, keur ucul-ucul pakéan. Geus baluligir, gebrus ka leuwi. Karokojayan ti hilir ka girang. Bari icikibung, sili simbeuh perang cai.
Lalaki nu tas ngarit hookeun. Teu ngiceup-ngiceup nénjo nu marandi. Nepi ka tikoséwad, ngagubrak kana rungkun haur di béh handap. Nu keur marandi ngaroréjat reuwaseun. Haranjat kana batu. Kup-kop kana papakéanana séwang-séwangan. Ber ngarapung, mapay kana katumbiri. Les di awang-awang bareng jeung ngilesna panonpoé sareupna.
Nu nambru katuralengan, untung aya nu manggihan ku nu baralik ti sawah ti kebon. Para narulungan. Pada nyeuceuhan sina éling da panonna terus bolotot, sungut calawak, awak jagreug.
Ampir sataun éta nu “kawénéhan” nénjo widadari ngojay di leuwi langlang-lingling. Micangcam para mojang nu salampulur, gareulis tanpa tanding. Dukun geus dikelun, tukang ngubaran geus dikemat. Taya tapakna. Angger we selang-seling kawas nu gundam. Hadéna bubujangan kénéh. Teu matak ngaripuhkeun teuing ka batur.
Teu béda ti hiji pamayang Jérman di walungan Rhéin, nu kawénéhan nénjo Loréléi, mojang kajajadén, geulis kawanti-wanti, keur ucang-anggé dina batu satengahing umpalan walungan. Dongeng Loréléi kamashur ka alam dunya, sabada dianggit jadi puisi épik ku sastrawan Jérman abad 18, Héinrich Héin.
Masih kénéh di walungan Cimanuk,lebah leuwi éta. Wanci pasosoré,layung ngempur. Aya nu keur nguseup ngalelengkur nunggu lauk nyanggut. Sabot anteng neuteup beungeut cai, ti béh lebak jol abrulan lauk rupa-rupa, gedé leutik. Pangheulana lauk emas sagedépingping, koneng enay. Dituturkeun ku kancra, hampal, géngggéhék, beureum mata, sénggal, jsb. Malah paray ogé milu aub.
Nu keur nguseup hookeun. Colohok, Kataji ku abringan lauk. Orokaya teu usik-usik. Nepi ka paradé lauk bubar, nu “kawénéhan” masih kénéh culagen nyekelan jeujeur. Hadéna aya papada tukang nguseup, manggihan. Diréréyang dibawa balik ka lembur. Disérénkeun ka kulawargana.
Ieu gé terus gering. Rada lila. Ngan cageur deui. Teu kawas nu kaédanan ku widadari.
Kecap “kawénéhan” henteu ukur larap kana téténjoan atawa dédéngéan nu sarwa goib. Tapi bisa dipaké keur nuduhkeun nu meunang kauntungan nu teu disangka-sangka. Upamana baé, Mang Emad tukang dagang suluh, bet “kawénéhan” jeneng Ketua RT di lemburna. Lumayan pédah hampang birit , daék diutah-étah da nu séjénna mah arembungan.
Sakapeung kecap “kawénéhan” sok disurupkeun kana babasan “aya jurig tumpak kuda”. Dina Pemilu taun 1999, nu dianggap demokratis, béda ti Pemilu 1971-1997 jaman Orde Baru, Pa Ahur nyalon ti hiji partéy anyar. “Kawénéhan aya jurig tumpak kuda”, kapilih jadi anggota DPRD. Pindah proféssi ti buruan pasar, sapopoÉ ngeusian bénsin gas ka gedong déwan. Unggal sidang rada ramé hoghag, Pa Ahur tukang nyapih,. Cukup ku ngaluarkeun sora “pssst, pssst” kawas sora gas tina botol kana bénsin korék, nu ribut langsung jempé. Nu matak, kapaké ku partéyna nepi ka dua rintakan. Salila jeneng, Pa Ahur katelah “Pa Psssst”.***
0 Response to "SKM GALURA, MINGGU III, 15 JANUARI 2020"
Posting Komentar