WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Poéan Kahiji Ratusan Siswa SDN 1 Malangnengah Ngungsi diajar di Baladésa


Poéan Munggaran Asup Sakola di Purwakarta,
Ratusan Siswa SDN 1 Malangnengah Ngungsi Dibaladésa

260 urang siswa keur dibere arahan ti Kepala SDN 1 Malangnengah, ihwal daruratna nempatan bangunan sakola nu keur diwangun Pasca Relokasi Bangunan anyar.*

Senen, 06 Januari 2020

Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
S
uasana isuk di SDN 1 Malangnengah, Sukatani, Purwkarta dina Senen (6/1/2020) kasampak mapan meujeuhna na sakola umumna, ieu téh dinten kahiji anak-anak asup sanggeus péré semester sarta katandangan sakola paska diwangun ku KCIC 8 bulan kahareup rék beres.



Poé Rebo, 1 Januari 2020, Bangunan SDN 1 Malangnengah dirobohkeun, tilu urang siswa ngahelas teu walakaya ningali wangunan sakolana rata jeung taneuh.* 

Ngungsina lokasi belajar nu dilakukeun ku pihak KCIC jeung marengna dibongkarna sakola
pembongkaran sekolahna. Diungsikeun heula kawasan Kantor Désa Malangnengah, murid nu jumlah 260 urang téh nempatan dua rohangan aula ukuran gedé jeung Pustu Puskesmas Kecamatan.

Panitenan Warta Sunda Onliné di lokasi, dugi ka 08.00 WIB baruak kalawan saragam pramuka daratang ka sakola kanggo mitembeyan proses Kegiatan Belajar Mengajar.

Kepala Sekolah SDN 1 Malangnengah, Sukatani, Purwkarta, Asép Somantri, S.Pd ngawangkong yén poéan kahiji barudak sakola di smester akhir taun ajaran 2019-2020 sakabéh murid piwarang daratang isuk-isuk jeung mulang leuwih gancang. “Tadi bubar jam satengan salapannan, kulantaran poé éta mah ngan ukur narima pangumuman jeung meta-metakeun ruang per kelasna mah.”

Rohangan Aula Désa Malangnengah disulap keur ngabagéakeun 260 urang siswa, 5 bulanan nempatan pangungsian diajar.*

"Sok sanajan isukan barudak dialajar darurat disekat ruang baladésa, tapi teu jadi leutik hate antara siswa jeung guru,” pokna.

Ruang baladésa disulap keur ruang KBM nu disekat ku asbes kalayan aula désa téh keur kelas. Tilu rohangan kelas éta digunakeun keur kelas 1-6 sacara giliran. KBM akhirna kapaksa dibagi jadi dua waktuna ti mimiti jam 06.00 - 09.00 WIB keur kelas 1-3 dilajengkeun kelas 4-6 jam 09.00 -12.00 WIB.

Babinmas Polsek Sukatani Sidak poéan kahiji asup sakola.*

Ditempat anu béda, PJS Kepala Désa Malangnengah, Endang Sumarna di Kantor Kecamatan Sukatani, inyana ngabenerkeun nu dicaritakeun kepala sekolah. Malahan, saméméhna geus ngariung heula pihakna jeung pihak sakola dina mapag asup barudak sakola awal Januari 2020.

Guru SDN 1 Malangnengah ngawawaas carita kolot baheula, yén ngajar disakola désa.*

Pihakna ngahegkeun bangunan kantor désana keur KBM SDN 1 Malangnengah, nu penting proses KBM antara siswa jeung guru jarongjon dialajar.

Disinyalir wangunan RKB SDN 1 Malangnengah direncanakeun anggeus lima bulanan deui kahareup. Sedengkeun 260 urang siswa jeung orang tua murid ayeuna nungguan wangunan anyar nu keur diwangun. PIhak sakola kumalasepa lantaran teu hadirna Pengawas Binaan atawa Korwilna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Poéan Kahiji Ratusan Siswa SDN 1 Malangnengah Ngungsi diajar di Baladésa"

Posting Komentar