NGABEDAH BARANGKAL JADI SAWAH
SMPN 4 Darangdan
NGABEDAH BARANGKAL JADI SAWAH
Urang Sunda baheula, geus biasa ngabedah tegalan jadi huma atawa sawah. Tapi di SMPN 4 Darangdan Kabupatén Purwakarta mah séjén deui. Di dieu mah lain tegalan, tapi taneuh nu pinuh ku barangkal, dibedah jadi sawah.
Luyu jeung program gawé Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, yén barudak sakola kudu diwanohkeun deui kana tatanén, utamana melak paré. Binih paréna ogé teu asal binih, tapi ieu mah husus binih unggulan nu disebut jenis Inpari ir Nutri Zinc. Unggulna ieu binih, sajaba ti beunghar ku nutrisi, zat beusi (Zn-34,5i ppm) nu hasiatna pikeun nyegah stunting, ogé kadar amilosa 16,6 persén. Lian ti kitu, hasil produksina leuwih mucekil, tahan hama, jeung rasa sanguna seungit tur pulen.
Ku kituna, murid SMPN 4 Darangdan sarumanget melak ieu binih paré. Nurutkeun guru pangapingna, M. Ramdan Jaelani, S.Pd. kawajiban barudak melak téh dibagi dua kelompok. Kelompok kahiji, nya éta réngréngan pengurus OSIS nu dipupuhuan ku Nur Ni'mah kelas 8B salaku Pupuhu OSIS, ngabedah taneuh barangkal jadi sawah. Kelompok kadua, nya éta murid per kelas anu marelak binihna dina émbér, diluluguan ku KM unggal kelas séwang-séwangan. Masing-masing kelasna sarua melak dina 10 émbér. Tina 12 kelas téh jumlah kabéhanana aya 120 émbér. Unggal wali kelas boga kawajiban nuyun, nalingakeun, jeung ngaping barudakna dina tata cara ieu tatanén.
Hasilna bisa kanyahoan sanggeus umur paré 115 poé atawa kurang leuwih opat bulan, sanggeus binih dipelak.***

0 Response to "NGABEDAH BARANGKAL JADI SAWAH"
Posting Komentar