Juara Bertahan Cabor Oltrad “Hadang”Dipertahankeun ku SDN Sukamaju di TK. Kabupatén
Tim Oltrad "Hadang" SDN Sukamaju, keur lalatihan di buruan sakola mapag kagiatan Lomba Kreatifitas Siswa SD Tingkat Kecamatan Sukatani, Rebo, (8/1/2020).*
Sukatani – WSO,
|
Pihak UPTD SDN Sukamaju antara siswa
katut pembina Cabor Oltrad – Hadang jeung kepala sekolah ngayakeun rutinitas
latihan pikeun mapag tandang di tingkat kecamatan, kabupatén katut provinsi.
Soalna Cabor Oltrad – Hadang ieu téh
minangka andalan keur Kabupatén Purwakarta nu disangking kapinunjulanana.
Guru pembina Cabor
Oltrad – Hadang, Supriadi nuju diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné.*
Ku kituna pihak SDN Sukamaju kiwari keur
persiapan sangkan juara bertahan di tingkat kecamatan mapag ka tingkat provinsi.
Malah upaya-upayana 7 urang pamilon Hadang ti kelas 5 lalatihan. Kitu ceuk Supriadi
pembina Cabor Oltrad – Hadang (guru kelas).
Lain
deui ceuk Kepala SDN Sukamaju Kecamatan
Sukatani, Saéfulah, S.Pd.I, “Mudah-mudahan taun
ayeuna mah asup 5 besar, malihan miharep nepika Juara I deui.”
“Meungpeung
aya kénéh waktu, barudak na unggal poé beres sakola, lalatihan diburuan sakola.
Barudak
gugur di TK. Provinsi éléh ku Pangandaran, malah taun ayeuna mah ngupayakeun
tina fisik lari-lari ngurilingan sakola nu dibina na téh, sangkan dina tandng
waktuna di tingkat provinsi Jabar,” pokna Saéfulah ka Warta Sunda
Onliné.*** Anto
0 Response to "Juara Bertahan Cabor Oltrad “Hadang”Dipertahankeun ku SDN Sukamaju di TK. Kabupatén"
Posting Komentar